Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/395

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
90

dipariksa, toeloej bae ngalahir: Ajeuna kami ka maneh kahoetangan gĕde, teu wěleh nja narimakeun, ari ajeuna paněda kami ka maneh, ajeuna koedoe pindah kadijeu, pamadjikan maneh hawa, koe aing dibere imah, noe aloes noe pantes.

Tidinja kangdjěng Radja ngalahir ka sakabeh mantri ponggawa: He ki mantri ponggawa, ajeuna jjeu koe aing dítětěpkeun senapati, oelah aja noe njěboet ngaranna katoekang, diganti Djajengrana, sarta oelah aja noe koerang hormat noeroet sakoemaba pangkatna!

Ki Djajengrana tětěp bae djadi senapati djeung gantjang bae diadjar toempak koeda. Ari diadjarna peuting-peuting, djeung barangmimitina make koeda leutik, beuki bisa beuki gěde koedana; noe matak kitoe, aja teu kabitoer kateubisaannana. Djadi kamoeljaannana, dipoedji kawantĕrannana, tapi teu pisan pabaoer djeung kamagoengan, hěnteu pisau kabitoer jen eta lampah ngelehkeun maoeng djeung moesoel, ngan kaběněran bae.