PANGEUJEUK NOE WANTER.
Di Banggalamah noe ngeujeukteh lalaki lain awewe,sedjen deui djeung di oerang, sarta boewatannana, araloes pisan, soetra roepa-roepa kalengkang, lalěměs pisan tjara ramat lantjah bae, datang ka aja noe harga ratoes reboe.
Di djěro hidji desa di tanah Banggala, aja hidji toekang ngeujeuk, noe geus mashoer pisan aloes pagawejannana, ari ngaranana Dejo kan, tapi ari noe njéboet nélahnamah ki Dejo bae, ari děděgannana pěndek leutik djeung patjer, moetoeh bae goreng patoet, tapi taja pisan djalma anoe ngewa, kabeh pada loetjoe pada rěsěp bae, bisa njijeun pikaseurijeun batoer. Ana tjatjarita ngan ngabohong ngawadoel bae, tina ti boeboedak ngan ngagědekeun bohong bae, datang ka kolotna hese pisan dipitjeunna, lamoen manehna tjatjarita ari hěnteu djeung bohongteh koerang lělěh, tjaritana sok tjawerang.
Di sadjěro tanah Banggala mowal aja doewa noe bisa wawadoel tjara ijeu ki pangeujeuk.
Hidji mangsa ki Dejo keur ngeujeuk deui, ari pamadjikannana aja di imah keur digawe, ki Dejo neuteup bae pagawejannana hari ngomong djěro pikir: Teu pantěs katjida aing dalang ka migawe noe kijeu patoetna, pantěs aingmah lain noe kijeu pigawejeunnana, moegi-moegi sing aja lan-