Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/397

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
92

lantaran, aing djadi moekti, kaakoe koe menak, tetela aing lain djalma samanea, awak leutik hate gěde, ngoengkoelan anoe loba.

Kaběněran manehna rek njorolokeun taropong aja reungit hiběr eunteup kana leungeunna noe njěkělan djingdjingan.

Ki Dejo amběk barina ngomong sosowak: Sija binatang koerang adjar, naha mana koemawani eunteup kana leungeun aing? djeung eta leungeun koe aing keur dipake, rasakeun pamalěs aing koe sija, sijateh geus tangtoe kodjor!

Heg ki Dejo ngomongna kitoe bari malangkeun taropong, bět měněran taropongteh keuna kana reungit teja, reungit paeh sapisan.

Ki Dejo seuri ngagakgak, nendjo reungit geus paeh, toeroeg-toeroeg da reungit paehna koe taropong pisan.

Ki Dejo ngomong bari imoet, pokna: Adoeh aing bagdja teuing bisa maehan reungit koe taropong, didijeumah mowal aja noe bisaeun, noe maehan gadjah onaman, kami geus rěměn ngadenge, bari da gěde, lamoen kabeh oerang dijeu koe aing dititah naroeroetan maehan reungit koe taropong mowal aja noe sanggoep; handjakal teuing boga imah di desa, mowal aja noe madjar koemaha, nadjan bisa kitoe kijeu oge, poegoeh ge oerang dijeumah dararoesoen, teu njaraho di noe gagah poendjoel, kadjeun teuing ajeunamah, aing rek indit bae, rek njaba ka noe djaoeh, hajang nembongkeun kabisa, djadi menak gěde.

Toeloej ki Dejo indit asoep ka imahna njampeurkeun pamadjikannana, pok ngomong ka bodjona: He pamadjikan! ajeuna kami rek njaba ka nagara noe djaoeh, rek ngalalana, kami hajang djadi menak; tjikeneh kami maehan reungit koe taropong, něpi ka paehna pisan, tjoba nilah anoe sedjen,