mowal ěnja aja anoe sanggoep; geuwat moentěl papakejan djeung kahakanan, piběkěleun; rotina sing reja bisi njorang leuweung noe djaoeh ka waroeng, djeung maneh masing hade-hade sabot ditinggalkeun leumpang koe aing!
Pamadjikannana hookeun bae, ngadenge omong ki Dejo, geus kitoe pok nanja: Naha manehteh mana ngomong kitoe atawa rada owah?
Tidinja ki Dejo amběk ngadenge omongan pamadjikan, toeloej bae manehannana njokot iteuk, toeloej diteunggeulkeun ka pamadjikannana datang ka gareuneuk, tapi teu pisan malěs atawa ngalawan koe omong, ngan tjeurik bae, djeung dina djěro atina sasapaan tina bawaning koe njĕri.
Toeloej pamadjikannana indit bari tjeurik ségrak-sěgroek, ngoeroeskeun bawaeun salakina. Teu lila geus sadija, toeloej ki Dejo njokot boentělan djeung taropong teja, pek taropong disoren, boentĕlan disorendang sarta toeloej indit teu tolih ka pamadjikan.
Pamadjikannana nendjokeun bari ngamang-ngamang peureup, djeung bari ngomong kijeu: Moega-moega sija oelah djamoega, oelah bisa datang deui ka imah! Eta ngomongna kitoe hènteu bēdas, sijeun kadengeeun koe salakina.
Ari ki Dejomah djongdjon bae leumpang, teu loewak-lijeuk ka toekang ka pamadjikan, sěmoena geus teu beurat, teu mělang ninggalkeunteh. Katjarita ki Dejo leumpangna geus meunang sapowe sapeuting, datang ka hidji nagara dajeuh gĕde sarta rame, toeloej asoep ka djĕro kota, manehna hookeun katjida nendjo djalěma sakitoe rejana djeung gèdong-gědong galĕde, araloes, kakara saoemoer njaho dipanjabaan; toeloej manehna nanja ka noe ngaraliwat, pokna Euj dimana ari boemi kangdjěng Radja? Tjing kaoela bedjaan!