Anoe ditanja ngawalon bari seuri: Naha rek naon mana nanjakeun boemi Radja?
Ari walon ki Dejoteh: Ih hěnteu hajang njaho bae, rek ngadeuheusan.
Ngomang deui saoerang bari djěbí: Ari rek njiar pagawejanmah, montong ka Radja, di koela ge hade, toekang ngangon domba kaoela kamari balik, ajeuna sampejan bae djadi gaganti.
Ki Dejo djĕro pikirna amběk, tapi teu bidjil kaloewar, sijeun djadi papasejaan, kaloewarnamah manis bae, pok bae manehna ngomong deui: Ajeuna moega sampejan oelah běndoe wireh koering maksa nanjakeun boemi Radja.
Walon djalma noe tadi: Toeh geuning itoe boemi Radja, naha mana keukeuh-keukeuh teuing? Toeloej bae ki Dejo ngadjoegdjoeg gedong noe ditoedoehkeun teja, ari datang kadinja, ragog anoe ngadjaga lawang, pada naranja: Sampejanteh anoe ti mana? djeung naon anoe dimaksoed?
Walon ki Dejo: Taja deui noe dimaksoed ngan hajang ngadeuheusan ka Radja.
Ngomong deui noe ngadjaga lawang: Dagowan bae sakeudeung, koela rek oendjoekan heula ka Radja! Toeloej toekang djaga lawang indit rek ngadeuheusan ka Radja, ari datang ka pajoeneun Radja pek bae manehna oendjoekan.
Timbalan Radja: Hade! Geura sina kadijeu bae.
Ki Dejo toeloej asoep ka djěro boemi, geus datang ka pajoen Radja, manehna gek sila jong njěmbah, tapi teu sĕmoe isin, soemawonna sijeunmah, ki Dejo dangah bari měntjrong ka Radja.
Toeloej koe Radja dipariksa, timbalannana: Manehteh oerang mana? djeung naon karěp maneh noe matak datang kadijeu