ka kami? Ki Dejo ngawalon bari sěmoe ijeu aing: Ngaran abdi poen Dejo kan, tapi ari nèlahnamah poen Dejo; abdi lalaki pěrkosa, anoe matak dongkap kadijeu soemědja neangan lawan! Radja kaget bari ngalahir: Atoeh kaběnĕran teuing, ĕnja kami teu pati pĕrtjaja jen maneh gagah pěrkosa, ari nendjo kana děděganmah, tapi teu moestahil, soegan ěnja maneh njolong bade, geura didinja aja těgal, dina těgal eta aja gadjah geděna mowal aja tanding djeung teuing koe galak djalma geus mangpoeloeh-poeloeh noe paroeh diamoek gadjah; kami geus ngidĕrkeun soerat oendang-oendang, saha-saha noe bisa meunangkeun eta gadjah, dikawinkeun ka anak kami, tapi tatjan aja noe bisa meunangkeun; reja oge noe kabita koe boeroeh. hoeloena geus patoelajah di těgal; ajeuna kabèněran pisan maneh datang kadijeu, tjek paribasa tejamah, mobok manggih gorowong, ari ĕnjamah manehteh rek neangan lawan, atoeh geura pek, tah gadjah pimoesoeheun maneh, koe kami didowakeun pisan, oelah datang ka tjara anoe reja.
Walon ki Dejo: Noen goesti etamah tai tjeuli teuing, abdi geus toeman păpěrangan djeung gadjah sakitjeup ge gadjahteh modar, moegi bae poetra gamparan enggal tjariosan.
Dejo malik ka toekang ngaharewos ka hidji mantri noe keur mando ngadeuheusan: Koemaha poetriteh geulis?
Mantri ngawalon bari imoet: Atoeh komo geulismah, mani tjara widadari bae.
Ki Dejo soeka boengah ngadenge omong ki mantri, pok manehna ngomong deui: Atoeh geuwat sadijakeun baris kawin, gadjahnamah ajeuna ge modar. Walon mantri: Pěrkara etamah gampang, geura bral bae gadjah geura sina modar.