Lompat ke isi

Kaca:Warnasari.pdf/403

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
98

Geus rada lilir heranna timboel ogona, palangsiang ĕnja aing sakti, omongna sadjĕroning ati, djeung pantěs oge manehna boga pikir kitoe.

Toenda noe keur ngalioeleng dina tonggong gadjah, oerang malikan deui tjarita bareto waktoe ki Dejo ngarangket pamadjikannana teja, teu kira-kira bae nja ngěněseupnana, datang ka mikir-mikir hajang malěs; tina ĕnggeus wěleh neangan pidjalaneun noe enteng ngan pek bae manehnateh njijeun baroewang noe bangèt, toeloej ditjampoerkeun djeung roti.

Sanggeus baroewang ditjampoerkeun djeung roti manehna seuri bari ngomong: Hag sija, ajeunamah panoengtoengan sija, njiksa ka pamadjikanteh, kami teu hajang dirangket koe noe goreng paloet, ajeunamah rasakeun bae koe sija, tah ijeu pamalěs aing!

Sanggeus ngomong kitoe, toeloej roti diboentěl sarta dibikeun ka ki Dejo, tapi ki Dejomah teu njaho jen pamadjikannana neundeun baroewang kana roti eta.

Djadi tadi basa ki Dejo ragrag kana tonggong gadjahteh, gadjah toeloej bae paeh, lain paeh koe katinggang koe manehna, paeh soteh ngahakan roti noe ditjampoer djeung baroewang teja, ngan soepaja paelina barěng pisan djeung ki Dejo ragrag ninggang kana tonggongna. Tina ki Dejo teu pisan njaho jen kitoe pětana, djadi rasanamah gadjah paehteh katinggang manehna bae.

Ki Dejo sanggeus lělěr reuwasna, pek bae ngomong barina noelak tjangkeng, gadjah paeh dioesapan, pokna: Toeh sija ajeunamah karasa, bongan sija wawanijanan ka aing, nadjan gadjah ĕnggeus mashoer oge koe aingmah kaantělan oge modar, komo lamoen diteunggeul koe taropongmah, meureun boeboek sijal