ngan loeng bae boentělan kabeh dibalangkeun, sorana ngagombrang, barang kadenge, koredjat soldadoe, kabeh haroedang rareuwaseun pisan ngadenge noe ngagombrang, maroekannana ijeumah dibongohan koe moesoeh, sabot keur harees ti dajeuh daratang, ngandèr bae ngamoek djeung pada batoerna, maroekan soldadoe moesoeh, da geus rada powek deui, boelanteh teu pati awas; sili toembak, sili těwěk, sili pědang, sili kadek, beuki tjampoeh bae pěrang djeung pada batoerna, hoeloe geus patoempoek, babatang geus patoelajab, beuheung kawas babadan patjing.
Ari senapati djeung batoerna noe kari njeueung sakitoe roeksakna, dikirana tiwas koe moesoeh, běrěbět bae loempat ngabětjir, teu tolih ka baladna, djeung parabot kabeh ditinggalkeun bae.
Poetri djeung tjarogena njerangkeun tina loehoer kai, soekamanah ningali noe pěrang tjampoeh djeung pada batoerna, pada soekoer ka pangeran rehna geus salamět.
Sanggeus repeh noe pěrang, ratoes-ratoes bangkena patoelajah, ari sesana soldadoe laloempat ngabětjir naloetoerkeun senapatina, noe geus kaboer ti heula. Ki Dejoteh datang deui adatna ogo, djeung sěmoe reueus, soeboeh-soeboeh deewanana laloengsoer tina loehoer kai, pek poetri njandakan barang noe tadi teja, toeloej ditjandak moelih, moelihna gagantjangan. Di dajeuh sèpi keneh waktoe saroempingteh, toeloej poetrimah asoep ka boemi, ari rakanamah loentang-lantoeng bae di loewar ngantosan Radja goegah.
Barang Radja goegah, boeroeboel mantri kabeh daratang, Radja geus linggih di pagělaran dideuheusan koe sakabeh para mantri, djěboel Dejo bari noelak tjangkeng, pok ngomong ka mantri-mantri: Euj balad oerang sina balik bae, moesoeh-