| |
| 3. | Sumawona geus uninga ka diri,
dirina sampurna,
kudu pisan getol bakti,
nu getol tambah utama. |
| 5. | Nyarioskeun para wali reujeung mu'min,
pada getol tapa,
néangan jatining hurip,
tegesna pasti sampurna. |
| 6. | Genti pasal niat amantubillahi,
tegesna nya éta,
angandel ka Alloh pasti,
ngandelna kumah téa. |
| 7. | Aya lapad éta tangtu meureun buni,
sing temen néangan,
jatina lapad nu tadi,
di dunya meureun ayana. |
| 8. | Wamalaikatihi éta wajib deui,
ka para malaikat,
saban poé paké ngawih,
nyatana acan kapendak. |
| 9. | Wakutubihi jeung kudu percaya deui,
saunggelna kitab,
tapi ari geus diaji,
jeung téangan sabalikna. |
| 10. | Tutulisan teu beunang di bawa mati,
ngan dipaké papayan, |