Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Bambang Ciptamaya Rahmaya.pdf/14

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

BANGBANG CIPTAMAYA - RAHMAYA

I

ASMARANDANA

Halimun subuh ngadingding, pepedut megat balebat, sinar surya rek sumorot, haleungheum kawas nu hamham, nyingray sina paturay, laun-laun tina junun, hanteu burung ngareng-gangan.

Leungit nu jadi berewit, berebet cahya nyambirat, kaditu kadieu nyorot, sugri tutuwuhan cekas, halalegar calenghar, angin leutik sayup-sayup, ngedagkeun ci ibun bajra.

Murubut pating karetip, teu beda lir mutiara, ninggang kana jukut ngemploh, dina dahan kakayonan, recet manuk disada, tikukur nu enggak-engguk, titiran eor-eoran.

Manuk leutik ting ciricit, maroyan ku katirisan, dina dahan ting seleket, pasesedek kajeun nyelap, nambahan kahaneutan, ngan rempan ku nu nyulumun, ngadodoho ku euradan.

Ku anu jadi pribumi, teu jauh ti eta tempat, mumunggang gunung ngabengbreng, horeng jadi pangancikan, bumetah ngababakan, ti kota ngahaja nyingkur, neangan kasugemaan.

Sok kajeun kasebut mencil, anggang ti batur tatangga, ngalap malar tibra hate, tumaninah kasirnaan dibarung patanian, piri umpi jararunum, ngolah tanah pahumaan.

Nelah Karang Tumaritis, di dinya anu nempatan, asal Dewa kajajaden, salian ti Lurah Semar, pangasuh putra Pendawa, nu kuna turun tumurun, nyaoskeun kasetiyaan.

Najan tetela pangatik, istrina mah putri endah, nu jenengan Sutiragen, si Cepot si Udawala, si Camongkrong teu tinggal, riung mungpulung ngagulung, teu aya anu sejenna.

Harita anu kawarti. Semar dina keur riungan, sadayana anak bojo, kawit Sutiragen nanya, ”Kakang naon margina, pasemon jika nu ngangluh, naon anu dimanahan.

Benten pisan ti sasari, bet boa aya kasesah, langkung sae wakca bae, sagala ge kedah terang, eta anu utama, manawi bisa ngabantu, nu dianggo kaewuhan.

11