Sanes anu katujul, lintang ti salira kakang.
Nya rayi anu diperih, kadieu teh ngadongkapan, rek diteda mugi rido, kakang karsa ngabelaan, ka pangeusi Sawarga, nu sawajibna ditulung, jait tina kalaraan
Henteu pira nu diperdih, getih anu eukeur tumbal, nu asal ti kakang bae, tanwande Candradimuka moal saabna panas, muntah-muntah jadi gujrud, pangeusi Sawargaloka.
Lurah Semar jawab seuri, Ke heula ieu timbalan, ti Batara Guru tulen, menta getih ka kaula, anu henteu nyalahan, diri kudu sina tatu, sangkan getihna kaluar.
Naha teu panjang dipikir, pek larapkeun disorangan, hal ngaluarkeun getih teh, sidik kudu ditatuan, disopak ku pakarang, sabab lamun henteu kitu, getih teh moal kaluar.
Ku hal eta kula mungkir, lantaran ku moal kuat, kana nadahan nyeri teh, sakieu geus kakolotan, wayahna teu beubeunangan, sanes henteu arek nulung, baha kana pamerdihan.
Neangan nu sejen deui, sugan daek ngabelaan, anu kuat gede hate, nahan tina kanyerian, tapi timbangan kula, anu sejen oge nanduk, moal beda da sarasa.
Henteu beda nadah nyeri, hamo bisa rek nyymponan, kana eta pamerdih teh, anu leuwih utama mah, neangan jalan lian, moal kurang ku panemu, geusan nyirnakeun kasusah".
Narada mindo ngalahir, "Kakang ulah gancdng nolak, kapan eta teh saderek, wajib kedah ditulungan, anu jadi sesahna, na’ jeung saha deui atuh, nu perlu silih tulungan.
Ongkoh henteu pira teuing, nu dianggo ngabelaan, sareng henteu matak hese, teu jadi karurugian, da getih nu sorangan, moal kungsi indit jauh, hamo kana kacapean.
Manahan dibulak-balik, supaya jadi saena, ka anu jadi saderek, da upama teu nyumponan, boa meureun kumaha, terkadang ngajadi bendu, bongan bae teu nulungan.
Lurah Semar walon kesit, ’’Aeh-aeh na kumaha jeu teh bet asa nogtrog, keukeuh menta getih kula, bener teu karugian, tapi diraheutan tatu, anu timbul kanyerian.
Entong ku dikeureut deui, bukti getih ngaburial, sanajan ku hinis oge, kapan karasa nyerina, kajeun rugi kadunyan, sok