Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Bambang Ciptamaya Rahmaya.pdf/17

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

komo kasebut dulur, tong kena luhur harkatna.

Kapangkatan dipake dir, ka anu miskin ngahina, estu digagampang bae, da tetela nu masakat, teu rea kabeuratna, padahal lamun dijujut, moal beda da sarua.

Jeung mungguh kasebut wargi, upama dina saharkat, kakara rek silih seblok, lamun henteu sabeusi mah, lapur teu tanggung jawab, kahayangna nu murudul, nulung mah engke heulanan.

Ku hal eta omat teuing, ulah gana-gana maksa, da gugon rek nanduk bae, leuwih hade geura mulang sanajan didagoan, moal tea hasil maksud, balaka hamo kawerat,

Narada ngagejlig indit, ”Kajeun ari teu pasrah mah, nya tinangtu mulang bae.” tidinya teh tuluy mangkat, tapi teu teras mulang,lamun tacan hasil maksud, perlu kudu ka Amarta.

Sanggeusna Narada mulih. Semar nuluykeun carita, ka piri umpina bae, ”Aduh anak henteu salah, ilapat karandapan, gara-gara nu teu puguh, karana nu moal gagal.

Anu bieu jadi bibit, bakal aya kajadian, pika teu ngeunaheun hate, terkadang kana tunggara, henteu syak nu kasorang. Panji Narada kateguh, kawasna teh teterusan.

Si Cepot ngajawab seuri, ”Naha atuh ari bapa, asana teh bet ku koret, pira kadar nu dipenta, geuningan henteu pira, puguh da ngan getih wungkul, henteu menta jeung dagingna.”

Cacak mun menta ka uing, tangtu rek disubadanan, meureun buru-buru bae, nyokot itu peso rajang, ngeureut irung si Wala, ulah bet ku kitu mancung, kasep lamun dipondokan.

”Itu dia”, cek si adi, mokaha eta mah ngeunah, aturan ka Gurubug teh, uing ge hayang nurutan, lamun aki Narada ka uing mentana tulung, ah rek gancang nyokot kujang.

Sarta moal tata deui, itung-itung ngahiasan, sok kajeun ka lanceuk oge, eta pipi rek disopak, nu katuhu jeung kenca,supaya ulah garicu, alus meureun jadi rata.

Lurah Semar seug ngahuit, ”Aduh rarepeh barudak, ulah parerea omong, anggur bantuan kasusah, bapa katalimbengan, ieu jalan nu dipaju, geus tangtu aya tungtungna.

14