Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Bambang Ciptamaya Rahmaya.pdf/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Dipikir dibulak-balik, tugenah anu walurat, asana ku abong-abong, tah geuning kitu barudak, perbawa luhur harkat, rea keneh nu ngalindur, ka dulur teh sabalikna.

Lain ngangkat tapi meuncit, paribasa teu sapira, kajeun teuing nyeri oge, da ninggang di nu teu boga, padahal mah sarua, itu ieu tunggal mahluk, sa rasa taya bedana.

SINOM.

Tunda heula Lurah Semar, anu kocap gentos deui, kacaturkeun di Amarta, anu jumeneng Narpati, kakasihna Darmaji. Punta Dewa sok disebut, jeung Prabu Yudistira, kempel sareng para rayi, lulugana Jayasena jeung Arjuna.

Miwah rayi sakembaran, nu ibuna Dewi Madrim, nelah Nakula Sadewa, tambah ku tatamu deui, ti Meralaya nagri, tetesan Batara Wisnu, teu sanes ti Prabu Kresna, tunggal wargina Sang Aji, samalah mah sok didamel sesepuhna.

Mangsa eta keur kempelan, kawit Sang Raja ngalahir, ”Nuhun raka Prabu dongkap, sareng ieu para rayi, sadaya sami hadir, rai keur meujeuhna ewuh, ku ngemutkeun impenan, teu lepat wengi kamari, tengah wengi jadi sanes dina riwan.

Asa ku tetela pisan, ka Amarta dongkap banjir teu patos openan teuing, henteu kasangka saeutik, ujug-ujug tras ngagulung, ngeueum sa Madukara, nu kantun bisa nyalingkir, ngan kabujeng rayi lilir kagareuwah.

Tah ti sawangkid harita, rayi jadi ewuh leuwih, naha naon balukarna, manawi raka tingali, tuduhna nu kaimpi, kaleresan keur karumpul, rai-rai sadaya, supayana sami nyaksi, bilih bae bakal mendak kajadian.

Prabu Kresna ngawalonan, "Wangwangan kakang manawi, teu mencong ti palintangan, anu ka impen ku rayi, geus hamo lepat deui, bakal kadongkapan musuh, anu baris ngaruksak, tanggelan ti urang sisip, hanteu mempan nanding karosaanana.

Barang eukeur paguneman, tumorojogna nu sumping, nya eta Panji Narada, sarta bari nyaur ririh, ”Ladalah ieu geuning,

15