Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Bambang Ciptamaya Rahmaya.pdf/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

didieu sami karumpul, teu jadi kasusahan, para putu sami hadir, Eyang ngucap sukur bagja kumayangan.

Pra putra Nata Pendawa, nyanggakeun sembah pangbakti, pon nyakitu Prabu Kresna, sabadana calik deui, dina tempat nu tadi, Prabu Drawati ti payun, matur, Haturan Eyang, kadieu keresa linggih, nuhun pisan parantos rido ngalayad.

”Nuhun pangbage sadaya, kateda sarta katampi, ari kalihna ti eta anu mawi Eyang nyungsi perluna arek merdih, cindekna rek neda tulung, lian utusannana. Hyang Jagat Nata Pramesti, nu keur sedeng kadongkapan kaewuhan.

Ari nu jadi lantaran. Sawargaloka balai, Candradimuka ngagolak, para Batara Batari, teu kuat ting jarerit, wangsitna geusan rahayu, saperti biasana, henteu aya jalan deui, ditumbalan getih kakang Badranaya.

Nya ku Eyang di tepungan, merih pati menta getih, eukeur baris tumbal tea, luput kakang Semar mungkir, pajah teu kaduga teuing, lain henteu arek nulung, da nu tangtu nyerina, sahanteuna bijil getih anu kudu diturih nembe kaluar.

Najan jeung daya upaya, wiweka jeung implik-implik anu neda pertulungan, kasebatkeun sipat wargi, naha ka saha deui, anu wajib kapan dulur, perlu silih belaan, dina keur meunang kapeurih, nu lian mah teu acan puguh nulungan.

Tapi luput henteu beunang, bet keukeuh bae nya mungkir, malah jeung malikeun sugal, nyabit-nyabit nu teu uni, pajah kajeun jeung wargi, ingkeun da harkatna luhur, ilahar meh biasa, teu pati daek merduli, lumah-lameh soteh aya kahayangna.

Sinareng deui ka Eyang, persasat satengah ngusir, ngajujurung geura mulang, kapaksa Eyang ngagejlig, moro kadieu nyungsi, nepangan ka para putu, rek neda kasadrohan, tulungan Hyang Pramesti, eukeur tumbal getih kakang Badranaya.

Ari dipikir ku Eyang, asa sok piraku deui, kakang Semar teu sumadrah, lamun ku putu diperdih, upama keukeuh mungkir, eta mah timbangan putu, da nu jadi dunungan, kumaha akal nu lantip, nya terserah kumaha putu sadaya.

Jayasena nu tiheula, saurna, ”Eyang ku kami. Si Semar

16