Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Bambang Ciptamaya Rahmaya.pdf/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

piwarangan Hyang Pramesti, tangtu bae ka dieu geus ngadongkapan.

Perlu rek menta keur tumbal, genjlong eusi Sawargi, motahna Candradimuka, pepesna kudu ku getih, nu ti kakang pribadi, tatapi naha nalapung, kakang Semar bet baha, ku kaula teu kaharti, naon sabab nu matak teu dicumponan.

Lurah Semar ngawalonan, ”Duh Ngeran mugi ka galih, pamerdihna Jagatnata, numawi sim abdi mungkir, da anu lain-lain saestu nu henteu matut, pok pajah baris tumbal, tina getih jisim abdi, ngaluarkeun teh meureun kedah disopak.

Henteu lepat ku pakarang, kapan eta teh geus yakin, da puguh ge ditatuan, tetela kedahna nyeri, mo katahan ku abdi, anu mawi tukuh nanduk, sarehna moal kiat, nahan kanyeri kapeurih, ku hal eta nyanggakeun sadaya-daya.

Arjuna mindo saurna, ”Kakang Semar masing eling, ieu lain lalawora, pamundutna Hyang Pramesti, nyaeta rupa getih, lain eukeur tambuh-tambuh, tetela eukeur tumbal, hal eta keuna ku wajib, munasabah ku urang kudu tulungan.

Jeung saha silih belaan, sajabana ti jeung wargi, nyeri saeutik mah jamak, engke oge cageur deui, moal salah walagri, anu matak kudu nurut naon perluna baha, bisi jadi pasal sulit, nu temahna mamawa ka sarerea.

Badranaya seug ngajawab, bari reujeung lengas-lengis, ”Pamugi paos dimanah, ku galih nu langkung lantip, ku pasal anu tadi, jisim abdi tukuh nanduk, sakieu kakolotan, persasat geus aki-aki, benten deui dina keur jagjag waringkas.

Sanes sim abdi teu bela, pamundutna Hyang Pramesti, anu tunggal kawargian, nanging da henteu kaharti, kedah nadah kanyeri, anu mawi abdi nanduk, lantaran moal kiat, sok kajeun nu sanes deui, naon bae anu kawawa kaduga.

Moal burung dibelaan, tong basa kasebat wargi, sanaosna anu lian, sok asal aya pamerdih, moal burung rido ati, wajibna kedah tutulung, mung ku anu sapasal, tetep jisim abdi mungkir, baha kana pamundutna Jagatnata.

Dananjaya jadi wera: sarta reujeung nyaur bengis: Eh Badranaya nu baha, nu ngawirangkeun ka kami, awaskeun masing

18