sidik, Pancaroba anu luhung, mo’ ka mana keunana, arek maksa menta getih, najan ngejat moal burung rek diudag.
Kakocapkeun Lurah Semar, barang ningal ka Permadi, geus ngabarkeun Pancaroba, senjata anu linuwih, ngagero bari indit. ”Aduh Ngeran abdi ampun, na mana kaniaya, tetela arek mateni, ka angsonan ku anu sakama-kama.
Sasambatna bari lumpat: Arjuna nu leuwih pusing, lat panakawan nu setya, geus teu aya tempo deui, nu lumpat dibeledig, teu lami barang kasusul, enggalna Pancaroba, nguciwek ukur ngagaris ka panangan Badranaya nu diudag.
Tina matihna senjata, Badranaya teh tiguling, ngarumpuyuk sarta niba, malah dugikeun teu eling, tina panangan tadi, bijil getih mani ngucur, Arjuna rek nandean, getihna anu teu eling, orakaya getih musna kagaiban.
Hanteu panjang pirosea, Arjuna tidinya mulih, ngantun anu kapaehan, teu aya pisan pinolih, ka nu jadi pangatik, turun tumurun ti buyut, belana Lurah Semar, tug ka anjeunna pribadi, nolas pisan teu aya rasrasanana.
KINANTI
Lurah Semar nu kacatur, lami ti lami ngalilir, waras deui sabisa tapi sing sarwa ajaib, nu aya payuneunnana, dua Sinatria sigit,
Sakemebaran sami lucu, bari mando matur ta’dim, ”Mugi jeung rama uninga, sareng ulah kaget galih, ieu sim abdi duaan, anu henteu lepat deui.
Putra jeng rama saestu, asal tina getih tadi, nu tatu ku Pancaroba, telengesna Ki Permadi, bukti anu langkung kejam, talajak nu malik asih.
Ka anu jadi pangasuh, nu diatik ti leuleutik, dibelaan kalaraan, ngaula jeung anak rabi, tapi naha pamulangna, asa ku marodel teuing.
Teu benten anu ngahukum, yakin pisan ngarah pati, sok mun sanes ka jeng rama, hamo yasa menyat deui, mungguh watek Pancaroba, senjata nu leuwih matih.