Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Bambang Ciptamaya Rahmaya.pdf/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Hal eta ulah rek ewuh, pasal ka teu raos tadi, putra nu seja bumela, moal burung teu ka abrik, Arjuna najan digjaya, pajah lalanang sajati.

Pon kitu Batara Guru, nu kasebat Hyang Pramesti, katut sinareng Narada, maksad bade dibeledig, pangeusi Sawargaloka, tangtos rek diubrak-abrik.

Nu jadi biang ti payun, da eta anu mimiti, nu teu kinten ngahinana, abong kena ka nu miskin, jiwa teu aya hargana, direken ka sato badis,

Mung bae aya panuhun, sajabi maparin widi, kedah diwastaan heula, pon kitu ieu pun adi, henteu langkung karsa rama, sim abdi sumeja ngiring.

Lurah Semar seug ngawangsul: Aduh anak nuhun teuing, aya hojah rek barela, ka awak bapa nu sisip, pekara menta landihan, ku bapa anu kajudi.

Pikeun ngaran anu surup, tina kajadian tadi nu lanceukna Ciptamaya, ari anu jadi adi, sugan saimbang Rahmaya, nyokot asal tina getih.

Ari kana aya maksud, ka bapa rek bela pati, da puguh leuwih peurihna, ka hijina ku Pramesti, nu ka dua ku dunungan, teu lian Raden Permadi.

Ngan bae papada naur, kudu ku jalan nu rikip, supaya ulah katara, petakeun taktik nu rapih, nyieun hiji perjuangan, pikeun males nya kanyeri.

Ayeuna mah anggur hayu, urang milih tempat asri, sugan bae di ijabah, perluna ngadegkeun nagri, geusan baris pertempatan, pikeun ngasakeun badami.

Hanteu panjang nu dicatur, ti eta tempat arindit, milari tempat nu sirna, sarta hanteu kungsi lami, mendak leuweung geledegan, ka etang rada ge tebih.

Lurah Semar tras menekung, tegesna teh mujasmedi, mepet raga pancadria, teu lami teu burung hasil, maksudna teh di ijabah, leuweung geledegan leungit.

Sinalin nu bukti timbul, ngadak-ngadak aya nagri, cukup keur sapuratina. Lurah Semar anu kawit nyarios ka dua putra, "Tah ayeuna teh anaking.

20