Ieu nagri geus ngawujud, telahkeun Banjar Malati, bapa mah moal maturan, rek balik ka Tumaritis, supaya ulah katara, jalankeun taktik nu rikip.
Bapa rek mere pituduh, nu dipalar teu kaciri, uga jalankeun pambalesan, kawit ka Prabu Drawati, cokot jimat panah Cakra, maksudna engke kaharti.
Ka dua kudu dipaju, kudu ka Astina nagri, ka Prabu Jakapitana, paling nu jadi meswari, ulah arek kasamaran, cokot Dewi Banowati.
Lamun enggeus hasil maksud, nyieun jalan nu mustari, seug bawa ka Madukara, nya karatonna Permadi, sok bae teundeun di dinya, dimana urang rek balik.
Teu kapalang jadi pandung, cokot jimatna Permadi, nu kasebut Pancaroba, tah upama enggeus hasil, kakara arek marulang, ka dieu eusian nagri.
Sabadana nu dipaju, pek geura ontroġ Pramesti, nu aya di Swargaloka, montong rek aya karisi, bedegel penta Sawarga, hayang ngaganti pamimpin.
Tangtu bae jadi pupuh, montong aya pikir risi, meunang perlawanan Dewa, sanajanna Hyang Pramesti, ulah jadi karempanan, lawan bae entong gimir.
Pek jalankeun masing mulus, ayeuna bapa rek balik, melang ka anu di imah, sahanteuna meureun rungsing, cus-cos jadina pikiran pasal tadi nu geus jadi.
Ciptamaya nu ngawangsul, ”sapiwarangan kaharti, moal burung dilampahan, leres henteu lepat deui, upami kitu jalanna, kantenan kalangkung rikip.
Mugi bae sing rahayu, nu dilampahan sing hasil, ulah aya pancabaya, enggen rek males kanyeri, ka nu sawenang-wenang, asana teh abong deui.
Teu panjang nu kapicatur. Lurah Semar tuluy mulih, ngajugjug anu ditinggal, nu di Karang Tumaritis, riung mungpulung sarusah, malah-malah keur badami.
”Ka Gurubug kuma atuh, urang ngeunah-ngeunah cicing, ari bapa nu dilabrak, ku jagan Ngeran Dipati, saraya aki Narada, bet dihantem dibeberik.