Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Bambang Ciptamaya Rahmaya.pdf/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Najan urang ilubiung, nutur-nuturkeun pandeuri, tapi naha kaleungitan, kumaha anu geus jadi, angguran ages mulang, sugan teh tiheula balik.

Astrajingga seug ngawangsul, ”Naha bet di pake pusing, dewek mah da henteu susah, anggur atohna teh leuwih, lamun bae henteu datang, tangtu bae geus lastari.

Kapan tangtu urang untung, sahanteuna nampa waris, kop bae bubututan mah, baris bagian silaing, dewek mah da hanteu hayang, miharep indung silaing.

"Ah ku kitu Ka Gurubug, asa ku mahiwal teuing, bet ios kana warisan, lain mantu dikapeurih, kolot urang dikakaya, ku dunungan nu mulang sih.

Urang oge milu ripuh, kamamana sok ngingintil, mindeng pinanggih tunggara, sajaba ti peurih peujit, puguh ari dunungan mah, aya anu dipipuhit.

Urang mah ukur kabaud, disajero elah-elih, mangka ari senangna mah, sia-sia - aing-aing, sakalieun peperetna, uing mah henteu ngaharti.

”Ah silaing mah balilu, sakitu bae teu harti, eta mah gampang kabuka, tapi entong kudu pusing, nguruskeun loslos kadinya, mending anu sejen deui.

Dewek mah nu leuwih perlu, ayeuna anu geus bukti, bapa teh tetela musna, tacan puguh balik deui, tah didieu anu aya, perlu urang buka waris.

Barang eukeur rebut catur, torojol nu dipileungit ”Tah geuning bapa teh datang, sugan teh geus jadi mayit, kumaha aturannana, pasal jeung Agan Dipati.

Lurah Semar seug ngawangsul, ”aduh anak nu cunihin, perkara reujeung dunungan, teu kudu di gugat deui, beres teu sakara-kara, henteu kudu jadi pikir.

MAGATRU

Lurah Semar tunda gentos nu kacatur, nu aya di Banjar Mlati. Bangbang Ciptamaya nyaur, teu lian ka ingtang rai, Bangbang Rahmaya nu anom.

22