Eh adimas Rahmaya ayeuna hayu, urang sami bareng indit, nu diheulakeun dijugjug, karaton Prabu Drawati, panah Cakra urang cokot.
Den Rahmaya tidinya enggal ngawangsul, sumangga rai mah ngiring," enggal mangka ting belesur, ngambah tengahing wiati, suat-siet henteu kagok.
Hanteu lami barang sanggeusna carunduk, ka nagara nu disungsi, rakana teh teras nyaur, ”Tunggu didieu ku rai, kakang nu asup ka jero.
Jeung mapatkeun aji halimun teu tembus, teu aya anu ningali, sanajanna Kangjeng Ratu, harita nuju keur linggih, teu katembong nu rek nyolong.
Tumaninah ngotektak jero kadatun, banggana teh leuwih-leuwih, tapi teu burung katimu, panah Cakra geus kacangking, teras nepangan nu ngantos.
Ka raina nyaur, Lah teu burung untung, jimat panah ieu milik, kari ka Astina hayu,” sarta teras sami indit, raka rai sami tanggoh.
Ngambah tengah wiati pating belesur, sakolepat hanteu lami, ka nagri Astina cunduk, meneran wanci geus wengi, tapi hanteu raga rogo.
Enggal bae mapatkeun sirep nu luhung, terapna teh leuwih matih, nu nyaring pating lalenggut, sarta teu’kaburu indit, sare mani ting jolopong.
Pon nyakitu saeusi jero kadatun, taya pisan anu nyaring, geus puguh nu jadi Ratu, sanajanna prameswari, Banowati nu dienod.
Kakocapkeun Bapa maling nu nyulumun, sanggeus aya anu nyaring, enggal anjeunna teh turun, ludeung teu aya karisi, alak-ilik tempa tempo.
Hanteu burung kapendak nu dipimaksud, prameswari Banowati, seug dikarimbunan kampuh, dibawa turun ngagejlig, nepangan raina anom.
Barang sanggeus sareng raina patepung, ”leu oge rai hasil, pek bae ku rai panggul, urang ulah waka balik, ka Amarta nya ngaboro.