Urang jugjug ka Madukara nu perlu, baris nyokot jimat deui, Pancaroba pajah luhung, nu ka milik ku Permadi, bibit nu nyieun prihatos.
Lamun urang engke geus datang ka ditu, sarta jimatna geus hasil, ieu meswari dikantun, tinggalkeun sing jadi bukti, nyangkana saha nu nyolong.
Hanteu lami ingkang rai sanggeus rempug, sarta harita ge indit, angkat deui ting belesur, bari ngagandong meswari, anu kulem estu jongjon.
Barang caket ka tempat anu dijugjug. Ciptamaya anu telik, ka nu ngajaga di luhur, lian putra Pringgandani, sasat anu eukeur matrol.
Bangkit pinter nganggo panemu halimun, salamet hanteu katawis, jeung teras bae nyulumun, pon nyakitu ingkang rayi, nu ti pungkur ngagagandong.
Hanteu lami ka Madukara teh cunduk, nya ka tempatna Permadi, dikira tabuh sapuluh, sanajanna masih nyaring, da puguh ge henteu tembong.
Tambah-tambah ku sirep nu leuwih manjur, tunduh teu ka ampeuh deui, sadaya pating lalenggut, galempar di tengah bumi, pangkuleman mah karosong.
Tumaninah bapa maling nu arasup, sarta enggal Banowati, anu masih dikarimbun, tetep keur dina ngajempling, dipernahkeun ka nu kosong.
Sanggeus beres seug milari jimat luhung, Pancaroba nu linuwih, teu burung enggal katimu, jeung teu ngalamikeun deui, duanana enggal mios.
Prameswari Ratu Astina dikantun, ngalap jadi pasal sulit, kakocap anu warangsul, bari nyandak jimat tadi, ka nagarana geus ancog.
Ingkang rai ka rakana enggal matur, "Sanggeus kieu kuma deui, urang naha kedah nunggu, anu kapalingan tadi, tinangtos kadieu ngontrog.
Ciptamaya ngawalonan bari imut, "engke heulanan yayi, ku kakang di emut-emut, tapi nu leuwih utami, paju nu arek diontrog.