Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Bambang Ciptamaya Rahmaya.pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Hanteu lian ka Sawargaloka muru, urang beledig Pramesti nu boga bibit ti payun, hayu bae urang indit, montong lami-lami ngaso.

Walon rai "Kairing teu kinten rempug” sarta enggal bae indit, nedel bumi geus belesur, antarana hanteu lami, ka Sawargaloka anjog.

Kapayuneun Pramesti Batara Guru, Panji Narada ge hadir, nu teu kinten jadi ewuh, aya anu kumawani, ngadongkapan tumorojog.

Taya tata petana kaliwat angkuh, jalang jeleng jeung ngalinjing, Hyang Pramesti alon nyaur, ”Ieu tamu nu ti mendi, asa kakara pajonghok.

Nu ti mana sarta naon nu dimaksud, pang datang ka tempat Suci, teu widi mungguh di mahluk, kudu kalawan paidin, ulah jol jol tumorojog.

Ciptamaya ngawalon teu riuk-riuk, ”Bener kula kumawani, bisi bae tacan maphum, kula Raja Banjar Mlati, anyar ngadeg Prabu Anom.

Bener oge geus tetep jumeneng Ratu, tapi tacan tibra pikir, hayang anu leuwih agung, nu matak ka dieu nyungsi, kumawani tumorojog.

Bet piraku deui teu gancang kamaphum, hayang pindah jadi Aji. Sawargaloka nu luhung, ngamongmong pra Widadari, reujeung para Dewa ongkoh.

Tah sakitu nu ku kaula dimaksud, hanteu pira nu diperdih, hal eta muga dikabul, wayahna ti dieu nyingkir, ninggalkeun ieu karaton.

Sok piraku deui sugan enggeus cukup, ngageugeuh ieu Sawargi, tatapi lamun teu rempug, hartina teu mere idin, tinangtu ngadeg rerempon.

Ciptamaya mah nu moal tea mundur, tamplokkeun di medan jurit, pra Dewa sina ngurubut, montong make hiji-hiji, abregkeun teu naon-naon.

“Moal burung diubrak abrik jro pupuh, moal make rek pipilih, menta jawab anu puguh, naha arek mere widi, atawa ngadeg rerempon.

25