DURMA
Jagat Nata ngadangu anu suaban, leuwih-leuwih ku mawani, sakitu nyaluntang, murugul menta Swarga, angkohna hayang ngalindih, bet digagampang, asa ku mahiwal teuing.
Nyundul saur rakana Kaneka Putra, Lakadalah balai, ieu leuwih lanyap, rek ngarebut Sawarga, aya hojah kumawani, ku taksiran mah, boa rada henteu eling.
Sok piraku henteu manggih panerangan, atawa poho deui, beja ti jauhna, yen pangeusi Sawarga, pra Dewa-dewa pinilih, moal ka unghak, ku manusa najan sakti.
Jagat Nata mindo nyaur, ”Leres kakang, ieu nu kumawani, asa nguntup pisan kedahna diraponan, papag satengahing jurit, moal sapira, pra Dewa geura keprik.
Eh Satriya anu rek menta Sawarga, mangke sumasrah kami, upama pra Dewa, dina mapag ngayuda, mun kabeh geus pada sisip. pon kitu kula, teu kuat nanding jurit.
Teu talangke ngawalonan Ciptamaya, sukur pisan Pramesti, memang sawajibna, ku pameulina ti heula, entong rea catur deui, ambregkeun Dewa, papag ieu nu wani.
Nyaur kitu bari enggalna kaluar, kocap pra Dewa deui, nu ngantos timbalan, isarahna Narada, ngurubutna mapag jurit, paheula-heula, nu ti tukang ti gigir.
Di kerepuk nu ngagitik anu nyepak, lawanna teguh leuwih, taya nu dirasa, sanajan ku senjata, taya nu mempan sahiji, beak tanaga. Dewa geus hemar-hemir.
Teu kasangka musuh sakitu rongkahna, estu digjaya sakti, jimat taya nu mempan, kakocap Ciptamaya, kakara arek ngagilir, males ka lawan, nu geus ripuheun teing.
Anu aya kapayunan ngabedega, anu keseleun ngagitik, enggalna disentak, saurna, ”Lumpuh Dewa” terus hanteu robah deui, harita niba, laleuleus tulang sandi.
Komo anu kumawani ngaluhuran, teu disaurkeun deui, tuluy bae niba, geus hanteu bisa daya, sumambatna melas melis, tobat teu kuat, karasa leuwih nyeri
Sanajana Dewa nu jadi andelan, geus teu aya nu mahi,