nandingan ka lawan, nu leuwih digjayana, ahirna sadaya miris, sami ngarejat, ti satengahing jurit.
Kitu deui Pramesti sareng Narada, enggalna nyaur ririh, Adi Guru tiwas, daya para Dewa ninggalkeun kalangan jurit, pada teu tahan, nandingan dina jurit.
Pangabaran nu ngangken dua satria, estu sarwa ajaib, saha nu ngalawan, atawa ngaluhuran, pasti hanteu robah deui, tinangtos niba, lumpuh teu bisa budi.
Enggal nyaur alon Hyang Jagat Nata, pasal ieu perkawis, kedah dieureunan, ulah rek ditagenan, tinangtos pinanggih sisip, moal kariat, sanajan rayi pribadi.
Nu utama langkung sae disingkahan, menggahing kakang Panji, kedah ka Amarta, tepangan Dananjaya, jalan kitu nembe hasil, sirnana lawan, teu aya akal deui.
Omat kedah neda tulung ka Arjuna, bareng jeung rai nyingkir, saukur nyingkahan, lajengna pipisahan, kakang mah muru Permadi, rayi ngantosan, di aling-aling bumi.
”Lakadalah adi Guru nya sumangga, leres sae ge nyingkir, margi nagenan mah, tetela moal kiat, mangga urang sareng indit, kanu di ajam, nya sami masing-masing.
Hanteu panjang deui anu kacarita, harita Hyang Pramesti, pon kitu Narada, ti Sawargalokana, sami-sami pada nyingkir, nu ka Amarta, rek ngabujeng Permadi.
Paturayna menggah Hyang Jagat Nata, ingkar ti aling-aling, teu pati anggang, asal ulah kapendak, ku anu dipikainggis, anu kawangwang, da hamo gagal deui.
Kakocapkeun anu dua Sinatriya, barang kataksir jempling, sadaya pra Dewa, teu aya nu kaluar. Sawarga teh jadi sepi. Dewa geus birat, pon nyakitu Widadari.
Bangbang Ciptamaya nyaur ka rayina, ”Adimas mangga galih, sidik para Dewa taya anu kaluar, moal gagal geus nyalingkir, wande ngarejat, geus tumarima sisip.
Tah ayeuna anu kudu didatangan, teu lian ti Pramesti, urang torojogan, eta nu boga pokal, anu nyieun bibit tadi, mangga ayeuna, urang kudu sarungsi.
Ingkang rai enggal bae ngawalonan, Leres teu lepat deui,