ieu para Dewa, taya anu kaluar, panginten geus sami nyingkir, mangga ngiringan, norojog ka Pramesti.
Hanteu lami Sinatriya anu dua, dongkapna ewed galih, margi geus teu aya, pamimpin Sawargaloka, jeung Panji Narada nyingkir, goyang kapala, ”antukna teh Pramesti.
Jejerihna ninggalkeun Sawargaloka, sagala teu ditolih. Dimas mangga manah, kamana ieu losna, yakin nu jadi pamimpin ari Narada, geus hamo salah deui.
Tangtu bae nya ngajugjug ka Amarta, kakasihna Pramesti, teu lian Janaka, anu jadi andelan, ku hal eta sukur leuwih, urang teu susah, nya pikeun males pati.
Ayeuna mah hayu bae sakalian, ontrog urang beledig, tapi mulang heula, nyelang ka nagri urang, ngasokeun ati kapusing, ngan ulah lila, perelu indit deui.
Rayina teh mesem enggal ngawalonan, rayi mah seja ngiring bilih rek kamana, pikeun nu didongkapan, leres henteu lepat deui, ngasokeun heula, engke tras ngabeledig.
Henteu panjang nu jadi badamian, geus gilig dina galih, tidinya teh mangkat, ngarantunkeun Sawarga, ngabujeng Banjar Mlati, katunda heula, gentos nu kocap deui.
KINANTI
Ngagilir anu kacatur, kocap di Astina nagri. Sang Raja Jaka Pitana, keur guneman sareng Resi, Kombayana Sokalima, kapercantenan Sang Aji.
Nuju dina gendu saur, sadongkapna para ceti, nyuuh ka dampal sampean, bari teu elat jeung ceurik sumambat duh Gusti tiwas. Gusti Prameswari leungit.
Kangjeng Raja langkung ewuh, enggalna nyaur ka ceti, "Maneh sing bener nyarita, saha tea anu leungit, leungit teh leungit kumaha, boa meureun keur ka cai.
Pangatik cengkat piunjuk, henteu pindo damel Gusti, yen prameswari teu aya, weleh sim abdi milari, mung aya ceti nu dongkap, tadina nuju permisi.
Nyelang ka rorompok wangsul, balikna deui geus wengi,