anu mendakan raratan, sakolepat prameswari, dibantun ku Sinatria, anu kasep langkung ginding.
Jadi yakin Agan Ayu, di iwat ku nu Raspati, mung duka saha-sahana, kawantos teu patos sidik, teu sanes sadaya-daya timbang taraju di Gusti.
Barang uninga Sang Ratu, meswari aya nu maling, meh-meh bae kapidara, geus emut nyaur ka Resi, aduh paman Kombayana, tetela urang balai.
Horeng kalebetan pandung, nu geus ngiwat prameswari, paman ulah ngeunah-ngeunah sumangga urang ka puri, ngabuktikeun anu enya, tapak-tapakna si paling.
Teu seueur nu dipisaur, enggal lalebet ka puri, netelakeun kaayaan, kawanina bapa maling, teu aya urut-urutna, estu leuwih-leuwih rikip.
Resi Kombayana matur, ”ajow angger ieu sidik, dina pelengan paman mah, anu jadi maling sakti, bade nyangkana ka saha, salian ti si Permadi.
Biasa tukang ngalajur, alur gawena sasari, ucap ceti estu keuna, sinatria anu ginding, angger bade nyangka saha, salian ka nu sahiji.
Kangjeng Raja Mindo nyaur, ”henteu borong paman Resi, geus cukup kapercantenan, arek nyangka ka Permadi, atuh enggal daratangan, ulah dilamikeun deui
Kombayana seug ngawangsul, ”leres henteu lepat deui, ulah diantep karepna, eta si tukang teu uni, ayeuna oge pun paman, badanten ka para Aji.
Teras ka paseban Agung, rengrengan para Narpati, pangbarep Prabu Mandura, ditema Karna Dipati, sinarengna Jayadrata, jeung tumenggung Banakeling.
Dursasana henteu kantun, Aswatama kitu deui, Jaya Wikata Citraksa, ngajajar reujeung Citraksi, para Korawa ngabayak, kapi rai ka jeng Gusti.
JumJahna anu saratus, nu istri Dursilawati, sadongkapna Kombayana, nu bade aya perkawis, sanggeus calikna merenah, mayunan para Narpati.
Prabu Mandura nu nyaur, ”Haturan jeng paman Resi,