naon nu didamel sidang, badantenan anu penting, meungpeung reugreug pra rengrengan, sadayana sami hadir.
”Ajow mangke ulah rusuh, kantenan aya perkawis, nu langkung-langkung sulitna, bilih bae teu tingali, meswari aya nu ngiwat, talajak si maling sakti.
Rapih teu aya kakusut, patilasan bapa maling, tatapi sangkaan paman, kalawan paningal ceti, eta anu boga lampah, henteu lian ti Permadi.
Ku hal eta buru-buru, peryogina dibeledig, sakalian pra Korawa, pon nyakitu pra perjurit, anu tangtos gugujrudan, matak naon burak barik.
Barang sadaya pra Ratu, ngadangu saur ti Resi, anu teu kinten kagetna. Prabu Mandura ngalahir, upami leres Janaka, asana kacida teuing.
Mahiwal misah ti batur, leuwih-leuwih kumawani, leres pisan saur paman, estuning nyieun berewit, hayoh ayeuna barudal, layakna diburak-barik.
Teu panjang nu dipicatur, barang parantos sayagi, pra Korawa katut balad, dikapalaan pra Aji, pon nyakitu Kombayana, anu minangka pamimpin.
Saparat jalan ngaguruh, surakna patarik-tarik di tema ku tatabeuhan, biasa nu rek ngajurit, katunda heula sakedap, anu kocap gentos deui.
SINOM
Kakocap di Madukara, prameswari Banowati, panggawena duratmaka, diebogkeun jero puri, catur barang geus enjing, gugahna teh asa linglung, di sajero manahna, naha ieu teh keur ngimpi, sok piraku kapan tetela geus beurang.
Itu emban anu aya, yakin lain nu sasari, naha saha nu deleka, boga tekad hiri dengki, boa mah bapa maling, ieu anu boga maksud, ngan rada kasamaran, ieu karaton Permadi, boa-boa sugan gawe nu biasa.
Tapi bae naon sabab, make ku jalan berewit, matak naon lamun terang, cara biasa sasari, poekeun teu kaharti, ieu teh ku-