Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Bambang Ciptamaya Rahmaya.pdf/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

maha atuh, alamat kajadian, pitugenaheun nya ati, jeung pribumi wande jadi gugujrudan.

Keur kitu harita emban, liwat payuneun meswari, anu teu kinten kagetna, tara-tara ti sasari, naha aya meswari, henteu samar estu puguh, prameswari Astina, lantaran teu bireuk deui, da geus apal asa mo pisan sulaya.

Meswari enggal mariksa, ”Emban kami bere ngarti, naha ieu teh di mana, mun teu salah ieu puri, karaton Den Permadi,” emban nyembah seug pihatur. ”Sumuhun henteu lepat, anu Pangeran Dipati, bilih samar yaktos pisan Madukara.

Barang eukeur papariksa, torojol Dewi Srikandi, budi kecut tandang bedang, ”euleuh-euleuh anu geulis, wani kadieu nyungsi, nepikeun ka nyusul-nyusul, uyuhan ku teu era, nyucud butuh ku lalaki, asa luas teu inget kana wiwirang.

Boro bae garwa Raja, ku nu leutik dipigusti, ari lampah euwah-euwah, anu liwat leuwih laip, nurutan si Sartini, eta mah da hayam lisung, pantes ludag-ladogna, ongkoh butuh pamahugi, geusan dahar da tetela rarandaan.

Ari ieu sabalikna, geus cul bae kana wajib, meureun hayang samemena, nyacapkeun katineung ati, nyusul-nyusul lalaki, nu geus heubeul teu nyulumun, wantu rea halangan, da puguh ge anu rimbil, aya oge ka inggisna kanyahoan.

SINOM

Sempalan nu jadi kanda, nyokot ti wiwitan tadi, bibit gelar kasultanan, antara Dewi Srikandi, sinareng Banowati, numutkeun nu jadi galur, kasebat sarundayan, da puguh ge tunggal wargi, kapigarwa ku sang Ratu di Astina.

Kabukti kapiderekan, tapi Pangeran Dipati, nu ngadamel perhubungan, jeung meswari Banowati, dina tatkala tadi, memeh kadahup ku Ratu. Sang Kurupati tea, Banowati geus kapuhit, ku Arjuna teu kenging disisilipan.

Waktosna rek kapigarwa, ku Ratu Astina nagri, Banowati anu nolak, lamun teu maparin idin, pasal sareng Permadi, anu geus lawas berhubung. Sang Raja tina cinta, pamundutna

31