Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Bambang Ciptamaya Rahmaya.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Banowati, hanteu burung anjeunna teh ngawidian.

Saterasna kalampahan, sanggeus jadi prameswari, Banowati teh ngajagang, sinarengna ka Permadi, kasebat luar garis, aya istri nu ngawayuh, nu ngajadi lantaran, ceuceubna Dewi Srikandi, saterasna nya nimbulkeun pacogregan.

Ngan na lebah Sumbadra mah, bubuhan istri nu lantip, teu dianggo kasulitan, sabalikna di Srikandi, ngangkrang taya kagimir, mindeng pisan jadi gujrud, boborna karahayuan, tapi lawanna ge wani, komo deui teu salah enggal ngajawab.

Meswari tina napsuna, ngawalonan ka Srikandi, ”Mangke heula ulah lancang, kami oge henteu harti, naha gawe nu jail, jol-jol di dieu ngalumbuk, waktu keur sare tibra, ari lilir asa ngimpi, naha aya di purina anu lian.

Srikandi dasar nu bedang, estu teu aya kagimir, ngajawabna langkung sugal,”Alah-alah entong mungkir, sakitu tetela bukti, adat-adat anu alur, jadi kabiasaan, tukang rujit si berewit, hanteu kalis ku geus jadi istri Raja.

Itu ieu sami rongkah, teu aya salah sahiji, anu keresa ngelehan, ngan kabujeng ku Permadi. Sumbadra oge ngiring, megatan anu raribut, saurna Danajaya, ”Engke heula Nyi Srikandi, kudu papay katerangan anu nyata.

Nyundul pisaur Sumbadra, ”Leres mangke heula ayi, naha kumaha dudukna, ieu perkawis berewit, mangga aceuk maswarti, carioskeun anu puguh”, teras meswari wakca, nerangkeun yen teu kaharti, ujug-ujug bet aya di Madukara.

Mindo nyaur Dananjaya, ”panginten teu lepat deui, panggawena duratmaka, ku prtterna bapa maling, sanajan diri rai, ieu teh keur nuju ewuh, gagaduhan teu aya, nya leungit ti jero puri, pancaroba mo lepat ku nu hianat.

Tunda nu keur gugujrudan, kocap Kombayana deui, sinarengna para Raja, harita parantos sumping, ka anu rek disungsi, kaleresan nuju kumpul, sinareng Prabu Kresna, didinya keur nuju hadir, nu natamu ti nagara Meralaya.

Tamu sanggeusna merenah, Jeng Gusti alon ngalahir, ”Haturan sumping jeng paman, sinareng pra raka Aji, merlukeun karsa linggih, taya sanes matur nuhun, kumaha kawilujengan, pon

32