kitu raka Narpati, anu aya di kraton nagri Astina.
kombayana ngawalonan, ”Nuhun pangbage ka tampi, tina hal kawilujengan, paman sareng para Aji, aya hibar walagri, namung nu jadi Sinuhun, papayung di Astina, eukeur meujeuhna berewit, ku lantaran mawi paman ngadongkapan.
Anu teu kinten perluna, patali sareng meswari, Ratu Ayu geus diiwat, torojogan ti jro puri, teu sanes anu wani, milampah gawe culudur, anu biasa tea, sajabi ti tuang rayi. Dananjaya nu luas ngumbar napsuna.
Tah kutina margi eta, terangna rek ngabeledig, rek ngabantun nu diiwat. Ratu Ayu Banowati, mawi mawa perjurit, bilih rakana teu wantun, ngajar ka nu calutak, sangkan ulah deui-deui, lalampahan anu teu kinten mahiwal.
Mun tukuh di kabedangan, tangtos moal lepat deui, ieu sadaya Korawa, diluluguan pra Aji, pon kitu pra perjurit, anu baris ngabelenggu, najan baha da salah, ngalanggar lampah teu uni, abong deui kawas taya deui jalan.
Jayasena nu tiheula, ngajawab ka Maha Resi, ”Engke heulaanan paman, si Jenet lamun cilimit, geus ngiwat Banowati, ku kula tangtu diluluh, moal menta bantuan, ku lantaran ora sudi, boga dulur lalampahan leuwih hina.
Prabu Kresna enggal jawab, ”Eeh mangke heula yayi, ulah bade lalawora, ieu perkawis teh sulit, pasal yayi Dipati, nu disangka tacan puguh, boga tekad mahiwal, katanggel mo kumawani, torojogan ngiwat istri anu lian.
Tah ayeuna mah putusna, pek angkir yayi Dipati, masing jonghok padukdekan, sagala ge kedah yakin, dina sajero bukti, ulah nuduh nu teu puguh, bok bisi kawirangan,” nempas saurna Darmaji, henteu lepat sae angkir Dananjaya.
Tapi anu dipiwarang, harita teh tacan indit, kasaru ku sadongkapna, yakin Pangeran Dipati, ti pungkur para istri, luluguna Ratu Ayu, Srikandi jeung Subadra, hayang terang perkawis, matak obyag naha kumaha putusan.
Kombayana barang ningal, ka meswari Banowati nunjuk ka Perebu Kresna, ”Itu dia angger bukti, tetela nu cilimit, geus adat tukang calimud, wajib meunang hukuman, ngimbangan