lampah nu jail, tangtosna ge ku Korawa dibabandan.
Prabu Kresna nu jatnika, ”mangke heula masing rintih, kudu taros anu nyata, yayi Pangeran Dipati, kakang seep teu harti, pokal rai nu dituduh, pajah parantos ngiwat prameswari Banowati, torojogan ka nagara hing Astina.
Aruna enggal ngajawab, ”Menggah rayi estu mungkir, moal enya gaduh tekad, kasebat sakitu laip, sareng jero sasasih, henteu ingkar ti kadatun, saksina bojo dua. Sumbadra sareng Srikandi, malah rai ka elangan Pancaroba
Nyi Srikandi nu amarah, henteu katahan ku pusing, kapa yun sarta unjukan, ka Prabu Meralaya Ji, ”Pasal raka Permadi, tetep aya di kadatun, lami teu kamamana, tetela ayeuna sidik, anu geulis kadieu sumping maranan.
Meswari ngawalon nyentak, ”Maneh ku lancang Srikandi, kami estu teu tarima, dibejakeun ti tatadi, kami keur waktu peuting, sare jero jinem arum, di nagara sorangan, tapi naha ari lilir, bet jol aya di kadatun Madukara.
Drawati mindo ngandika, ”Geuning kitu paman Resi, yayi Janaka teu lepat, saksina sidik Srikandi yen teu kamana-mendi, ieu pasal Jangkung kusut, saha nu boga hadas, bibitna nu jadi sulit, ulah keukeuh nyangka ka yayi Janaka.
Kula mah estu percaya, jawaban yayi Dipati, tetep henteu boga lepat, malah-malah anu bukti. Pancaroba geus leungit, kakang oge yayi kitu, panah Cakra geus musna, tangtos gawe bapa maling, anu luhung lain geusan lalawora.
Ajow angger Prabu Kresna, henteu kedah seueur galih, eta mah da geus ilahar, pangakuan tukang maling, sok kudu bae mungkir, estu akal-akal wungkul, ngalap sangkan percaya, ongkoh anu jadi saksi, geuning saha eta sanes anu lian.
Kalebet komplotannana, dihaja geus meunang matri, deui saha nu teu bela, ka anu jadi salaki, nya tinangtu ngahiji, kajeun kasebutkeun palsu, hal eta moal robah, kuma saur anu tadi, guru bukti kapan ayeuna tetela.
Nu di iwat sidik aya, ari jolna yakin deui, ti karaton Madukara, anu boga jasa tadi, na rek kumaha deui, sakitu parantos puguh, tina pasal kamungkiran, teu kedah seueur pasini, ayeu-