na mah putus kantun ngaraponan.
Prabu Meralaya nyentak, ”Eh ieu nu jadi Resi, pandita sarwa gagabah, bener aya dina bukti, tapi bae meswari, Banowati ge teu nujul, anu mawa Arjuna, tetela aya nu maling, mun di iwat keur sajero dina waras.
Deui nu jadi saksina, istrina Nyai Srikandi, saliwat oge geus atra, pangakuan nu sajati, sanes beunangna matri, tetela nuduhna giruk, anu matak latlatan, nyangkana ka prameswari, ngadatangan ka karaton Madukara.
Prameswati ngajawabna, tetela sakitu sengit, tina teu karumasan, sasarengan lampah laip, da sidik waktu tadi, di sajero jinem arum, patempatan anjeunna, pituin Astina nagri, nu sakitu ge geus cukup panerangan.
Barang eukeur pacekcokan, geus hanteu katangen deui, dongkapna Panji Narada, lakadalah bagja teuing, ieu sadaya hadir, Eyang cunduk ninggang waktu, ngalayad para wayah, malah ti Astina nagri, sukur pisan tarima salam ti Eyang.
Sadaya nu keur kempelan, enggalna sami ngabakti, luluguna Prabu Kresna, ditemana ku Darmaji, tras Pangeran Dipati, ngan Werkodara teu sujud, dikawalan Eh Eyang, ulah kirang pangaksami, kaula mah teu bisa tata panghormat.
Lakadalah teu halangan, ku dumeh henteu ngabakti, da geus kitu biasana, moal rek jadi nyungkelit, da batinna beresih, ngajauhan di kakiruh, hal eta nu utama, tibatan manis nyungkelit, balukarna matak rea ka tugenah.
Diburu bae gancangna, anu matak Eyang nyungsi, ka putu ieu sadaya, lulugu putu Permadi, ku Eyang nu kaperih, di Sawarga nuju ribut, ku dua Sinatria, pok pajah ti Banjar Mlati, pangakuna Ciptamaya jeung Rahmaya.
Pangdatangna ka Sawarga, bet keukeuh hayang ngalindih, pikeun jadi pamimpinna, da teu ngeunah jadi Aji, di nagri Banjar Mlati, kalaluman ku sakumbuh, digenggem ku duwaan, majarkeun hayang iseli, sewang-sewang pada ngasta karajaan.
Ku kituna jeung papaksa, nya ngajadi tarung jurit, sihoreng leuwih digjaya, para Dewa henteu mahi, sadaya sami ngacir, samalah Batara Guru, ayeuna teh geus nyingkah, ku hal