Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Bambang Ciptamaya Rahmaya.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

di, sawajibna urang kedah ngabelaan.

Perkara urang Astina, keukeuh atina berewit, baris kana teterasan, ditungtungan ngadu jurit, keun ku kakang pribadi, pra putra sina ngurubut, ngabela perhinaan, sareng rai Jodipati, sok piraku rek ngantep ka nu mahiwal.

Werkodara ge harita, teu kinten malikna pusing ka Bagawan Kombayana, sarta nyaurna teh sengit, E, kakang Kresna Aji, kula pisan anu sanggup, numpes urang Astina. Jenet helos bae indit, geura lawan nu ngaruksak di Sawarga.

Dananjaya ngawalonan, Nuhun pisan raka Aji, ayeuna ge rai mangkat, nepangan nu gagah sakti, naker begala pati, "Lakadalah sukur-sukur, ngan memeh ka Sawarga, sungsi heula Banjar Mlati, kawasna mah ayeuna aya di dinya.

Tapi Eyang rek tiheula, pek didoakeun sing hasil, sapangmiosna Narada, teras Permadi ge indit, ngantunkeun nu berewit, Prabu Kresna enggal nyaur, ”Eh paman Kombayana, lamun keukeuh arek jurit, hade antos di luar tempat nu lega.

PANGKUR

Sarta enggal Prabu Kresna, nyauran ka putra hing Pringgadani, ”Purabaya sadudulur, hayoh geura lawanan, eta urang Astina anu murugul, entong arek karempanan, uwa nu baris ngajaring.

Kocap Korawa Astina, geus di luar sosoak nangtang jurit: Kaluar mana nu mampuh, ieu geura asaan, bisi bae hanaang hayang digebug, nu kataksir mo sapira, tangtu bae kucar kacir.

Purabaya nu melesat, Abimanyu, Jakatawang, hanteu kari, pihak musuh nu ngurubut, nu nyepak nu ngagada, orokaya Purabaya nu ti luhur, nyabetan kaliwat rikat, ngajejek reujeung nampiling.

Kawantu reujeung ajian, nu ngabanding Brajadenta, Brajamusti, anu ditumbuk ngajungkung, nu disepak nangkarak. sumambatna aduh tobat aduh ampun, rereana anu ngejat, nyarumput pabuni-buni.

37