Pon kitu Angkawijaya, sinatriya dasar putra Permadi, tengah pangperangan ngamuk, nampiling reujeung nyepak, para Korawa rea anu ting kudupung tungtungna kabeh barirat, risi nandingan nu kesit.
Diganti ku gegedugna, Citrayuda nyentak jeung muril kumis, Nanaonan sia asu, humayua ka budak, ieu lawan kapalana garung, coba pek tadahan tumbak, tinangtuna budal badil.
Sarta bari jeung narajang, tapi bae Abimanyu caringcing, nakis tumbak bari numbuk, iga burungna pisan, sakali ge Citrayuda geus ngagerung, hanteu kuat tuluy ngejat, tipaparetot ngabecir.
Rikat Citraksi Citraksa, ngadodoho Raden Palengkawati, ngan Purabaya ti luhur, nyabetna sakolepat, dirampidkeun jeung dihalang leuwih jauh, ana ragragna nampuyak, nepi ka teu eling-eling.
Asuatama melesat, geus narajang di tengah medan jurit, sarta nangtang leuwih seru, "Eh maneh Purabaya, lamun nyata mah lalaki geura turun, ulah bet di awang-awang, ngabongohan akal licik.
Pantes bae nu tiheula, eukeur mah boga perwatek jejerih, dibokong mah atuh puguh, sabab teu kanyahoan, tapi bae putra Resi moal kitu, mun dina adu hareupan, ngadukeun teuasna kulit.
Anu nguping Purabaya, enggalna teh ngagejlig ti wiati, geus aya hareupeun musuh, nyentak ka Suatama. Coba hayoh anu ngaku anak Wiku, sakarepmu di ayonan, moal dipake kagimir.
Asuatama teu tata, geus nyirilik nepungan leuwih gasik, angkanana rek numbuk, ngan bae Gatotgaca, pinter nyingcet atuh musuhna tikusruk, meh bae kana nangkuban, geus cengkat malikan deui.
Beuki tambah amarahna, leuwih rikat muruna rek ngagitik, tina ku kaburu napsu, ngagiwarna ka tukang, nya mokaha ka dua kali ngudupung, tapi bae rikat cengkat, ngabongohan seug ngagitik.
Purabaya kabeunangan, tapi bae henteu dirasa saeutik,