Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Bambang Ciptamaya Rahmaya.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ditagenan leuwih teguh, "Pek bae geura pilihan, sugan bae manggih kulit anu uduh, sasukamu rek ti tukang atawa arek ti gigir.

Lawanna teh leuwih panas, sarta terus mindo deui ngagitik, merekpek ngenca ngatuhu, teguh anu nagenan, tungtungna teh ku cangkeul bati rumahuh, tapi hanteu burung nyentak, ayeuna pek bales kami.

Purabaya ngawalonan, Naha enggeus bosen maneh ngagitik, teu manggih kulit nu uduh, ayeuna kagiliran, sawajibna urang kudu silih taur, ngan bae masing iyatna, ieu pamales ti kami.

Bari rikat Purabaya, newak lawan katembongna muringis, sarta reujeungna babadug, enggalna ditangan, ngan sakali Brajamusti leuwih luhung, nepikeun ka kokosodan, sambatna teh, Tobat teuing.

Rubuh harita geus niba, samalah mah nepi ka utah getih, ku Korawa seug ditandu, dibawa ka ramana, langkung kaget Asuatama digugulung, da puguh oge Pandita, ditawa sangkan walagri.

Barang sanggeus rada waras, teu ka untup majengna deui, ngajurit, nandingan musuh nu teguh, saur nu jadi rama, hencig geura nyingkir diganti ku batur, da sarua meunang upah, di dieu henteu mubadir.

Kocap anu ngagentenan, Jayadrata Tumenggung Banakeling, enggal majeng tengah pupuh, sosoak nangtang lawan. "Hayoh saha lalakina anu teguh, coba bae geura papag, ieu kami leuwih pusing.

Kamana si Purabaya, sugan hayang ngasaan ku panggitik, enggeus heubeul henteu pupuh, asa ku hanteu ngeunah, nu biasa sok ngabubak-babuk musuh, tacan ngeunah pipikiran, mun tacan ngaburak-barik.

Purabaya ngabedega, geus aya payuneun Sang Banakeling, henteu antaparah nubruk, ragot nu silih dupak, ngadu rongkah itu-ieu sami teguh, tatapi lila-lila mah, Jayadrata rada sisip.

Malik ngagitik ka lawan, Purabaya kuat teu pisan gingsir, estu leuwih-leuwih teguh, anggur seug ngasongkeun badan: Kop

39