Enggal ngagisik panangan, jimatna nu baku, Nanggala bijil, ngan Drawati enggal muru, "ke heula'anan raka, ulah bade ngumbar napsu takabur, ieu Nanggala kaluar, bade dianggo mateni.
Purabaya moal lepat, ku Nanggala tinangtos ngemasi pati, tah saupami geus kitu, naha kira-kirana, diahirna jeng raka moal kaduhung, dumeh parantos nelasan, putrana hing Pringgandani.
Kapan meureun geus uninga, Purabaya pangna majeng ngajurit, bibilasan dina pupuh, eta teh ngan ngabela, yi Kaipe sangkaan anu ngalindur, teu sanes ti Kombayana, pandita nu hurik burih.
Mangga ku raka lenyepan, naha saha ari rai Dipati, sajabi ti sakaruhun, kapan salaki Sumbadra, nu tetela eta teh kasebut dulur, awewe anu bungsuna, pituin adi pribadi.
Dina bobor karipuhan, reujeung urang geus salin aki-aki, arek ka saha nyaluuh, tinangtosna ka Sumbadra, sawajibna anu kedah pagugulung, pigeusaneun silih bela, lian jeung dulur pribadi.
Sareng sajabi ti eta, kasaeanana yayi Dipati teu kedah seueur dijujut, nu bukti bae ayeuna, eta geuning nu ku raka disusuhun, katambah pang jadi Raja, na ti rayi Kurupati."
Ngawalon Prabu Mandura, "Moal saha ngan ti rai Dipati, alpukahna nu geus nulung, tapi na sok ngagugat, anu enggeus kajalanan sok disebut, baku sok jadi biasa, ka lanceuk anu keur pusing.
Asa leuwih-leuwih ngunghak, si Purabaya nyata kumawani, ka kolot liwat culudur, pikacuwaeunana, coba kakang nepikeun ka rek tikusruk, ngan hadena rada kuat, mun nu sanes duka teuing.
"Tah geuning kenging Janaka, upama henteu ku rai Permadi, anu tetela jumungjung, deui sajabi eta, seueur keneh tapi sok asa piraku, ku raka teu karaos mah bet sageuy dugi ka lali.
Tina perkawisna lanyap, E-eh raka teh ulah lepat harti, Purabaya tumut umum, kedahna di pangprangan, tapi bae ka