Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Bambang Ciptamaya Rahmaya.pdf/45

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

raka ukur sakitu, heunteu dugi bibilasan, ari dibales ku pati.

"Ah atuh ari kitu mah, pisaurna Prabu Mandura deui, da rai mah estu mutuh, aya bae gugatan," nyaur kitu sarta teras bae mundur, nepangan ka Kombayana, nu eukeur ngantos titadi.

Ajow angger geuning dongkap, naha kumaha ieu pasal ngajurit, diawaskeun kawas ripuh, pra Korawa teu kuat, senapati urang sadaya pon kitu, bet teu aya anu mempan, itu ieu sami miris.

Ayeuna manawi rempag, sae oge urang enggal marulih, prameswari da kabantun, hanas nu boga dosa, ingkeun bae ku urang henteu karingkus, ngan moal leungit ti cacad, paringetan keur di ahir.

Prabu Mandura ngajawab, "Ah ieu mah paman bae anu jangji, nu disangkana can puguh, nilik dina katrangan, ngan ayeuna leres bae urang wangsul, bisi nambahan wiwirang, diahir geusan nu bukti.

Henteu kebat nu kakocap, harita Korawa sarta pra Aji, enggalna budal warangsul, jeung ngiringkeun jolian, prameswari Banowati nu ti payun, ngan sadaya kirang berag, nyungkelit keur waktu tadi.

DURMA

Kasigeugkeun urang Astina nu mulang, gentos nu kocap deui, nyaeta Arjuna, sarajaan Narada, ka nagri Banjar Malati, dina sawangan, mo burung teu kapangih.

Jeung nyakitu hanteu lami antarana, tina kalangkung telik, teu burung kapendak, tapi ku kaewedan, helok sajeroning galih, nagara anyar, weleh ku teu kaharti.

Torojogan teras bae didongkapan, margi geus teu ayak deui, wande ieu pisan, anu nyieun grendaka, ngarungsingkeun Hyang Pramesti, katut sadaya pra Batara Batari.

Ciptamaya memangna ge geus uninga, yen nu dongkap Permadi, enggalna mariksa, "Aeh ieu teh Satriya, kadieu nembean sumping, boh bisi salah, sanes anu disungsi.

42