Dananjaya enggalna teh ngawalonan, Leres kaula nyungsi, ieu teh nagara, saha nu jadi Raja, cing terangkeun sangkan harti, ari ngaran mah, kaula teh Permadi.
Anu jadi pribumi imut ngajawab, "Oh ieu teh Permadi, upama sampean, henteu acan uninga, ieu nagri Banjar Mlati, nu jadi Raja, awak kaula pribadi.
Lamun kitu jadi sarayaan Dewa, baris ngarante beusi, kanu geus ngaruksak. Sawarga Maniloka, bener teu salah saeutik, nya kula pisan, nu geus ngaburak-barik.
Para Dewa kabeh oge pada bubar, pon nyakitu Pramesti, ayeuna geus musna, katut reujeung Narada, kasebut wakil pamimpin, puguh ku kula, keur sedeng dibeberik.
Ari datang ieu saraya anakna, ngaku ngaran Permadi, bawirasa kula, lain pisan ngahina, hojah rek ngarante beusi, moal kasorang, nu puguh mah tibalik.
Bisi kalah kumaha ge moal kuat, naon andelan diri, anggur geura mulang, uruskeun nu di imah, eta nu leuwih peryogi, tibatan seba, baris sosoroh pati.
Danajaya ku cua mani ngareuhak, "Tong rea ucap teuing, hayoh ka nu lega, tuturkeun ku duwaan, moal burung ngajumpalik, rek dibabandan, hamo sapira teuing."
Ciptamaya enggal ngalirik raina, nu henteu tata deui. Arjuna dijewang, geus dibantun kaluar, tras ngayuda sami kesit, estu tandingna, itu ieu sami pelit.
Paguletan sami ngadu karosaan, silih sepak jeung gitik, terus silih dupak, musuh lawan teh papak, sami tanggoh teuas kulit, taya nu mempan, pakarang ge teu mahi.
Dananjaya najan taya Pancaroba, gantina Pasopati, nu tara sulaya, ditibankeun kalawan, tapi ayeuna mah nihil, sanajan keuna, anggur ngasongkeun gigir.
Pek bijilkeun naon bae pajimatan, kami moal rek gimir, sabab hamo mempan, upamana geus beak, buru-buru nguyang deui, ka nu jauhna, neangan pakarang matih.
Dananjaya rada oge ngenes manah, asa kakara teuing, manggih lawan rongkah, pajimatan teu mempan, ngan hanjakal anu hiji, hal pancaroba, teu pupuguh leungit.