Tapi dasar Satria teu kapetolan, enggal nyampeurkeun deui, geus ngadu karosan, ngan bae panemuna, sadaya taya nu mahi, kuatna lawan, digjaya pilih tanding.
Sarta ana dibales teh Dananjaya, dicabok lat teu eling, ngan bubuhan kuat, ngorejat enggal cengkat, nyirilik ngalawan kesit, nyakitu tea, dipindo leng teu eling.
Ari cengkat ku musuh gancang ditewak, seug dibalangkeun tarik, disanggap rakana, dibalang deui rikat, dialung boyongkeun badis, dina mindoan, melesat rada tebih.
Barang ragrag rada oge karipuhan, kabujeng ku Drawati, harita kadinya, nyusul sabada perang, miwah putra Pringgandani, Angkawijaya, sareng nu sanes deui.
Ningal sidik Arjuna parantos payah, enggal Prabu Drawati, geus nyandak jimatna, nyata Cangkok Wijaya, Kusumah nu leuwih matih, nu diungkulan, "Yayi geura walagri.
Saharita keneh oge Dananjaya, ngadadak waras deui, cara sabiasa, henteu sakara-kara, teu kinten kagetna galih, payuneun raka, ngaraos rada isin.
Sarta Prabu Kresna enggalna mariksa, "Naha kumaha yayi, dugi ka payahna, talajakna ku rongkah, musuh teh dijaya sakti, geuning buktosna, yayi bet henteu mahi.
Dananjaya enggal bae ngawaleran, yaktos teu lepat deui, musuh langkung rongkah, estu luar biasa, sadaya jimat teu mahi, rayi kakara, mapag anu pilih tanding.
Ku hal eta kajeun teuing kenging wirang, ku Jeng Hyang Pramesti, teu aya untupan, majeng deui ngalawan, Rahmaya digjaya sakti, pantes pra Dewa, sadayana sami nyingkir.
Pisaurna ingkang raka Prabu Kresna, Kantenan urang isin, ku Hyang Jagatnata, teu tiasa ngabela, ku lantaran jimat leungit, upami aya, panah Cakra mo sisip.
Ngan ayeuna kumaha pikeun akalna, kasawang ku ati, upami teu salah, anu boga alpukah, ieu anu peurih nyeri, ku kangenesan, bibit salira yayi.
Salianna ti kakang Kuda Pawana, di Karang Tumaritis, mangga urang teang, ayeuna ka tempatna, lamun bae nuju sepi, eta tandana, ciri-ciri nu bukti.