Teu sulaya anu boga pagawean, lamun sangkaan jalir, kakang Semar aya, nyampak saanak-anak, wayahna nandangan isin, kedah tamada, di kalepatan tadi.
Sanajanna kakang Lurah Badranaya, bukti jadi pangatik, yayi da uninga, ba'da neda hampura, kedah tumeras diperih: sina ngabela, nu dianggo kagimir.
Dananjaya enggalna teh ngawalonan, ”Leres saur raka Ji, maksad kadinya mah, mangga rayi ngiringan, kajeun teuing nandang isin, ku kakang Semar, da tamaha pribadi.
”Nuhun atuh yayi”, saur Prabu Kresna, nanging perkawis ngajurit ulah dieureunan, nu ngagentos pra putra, lulugu ti Pringgandani, Angkawijaya sareng sanesna deui.
Sarta enggal nyaur Raden Purabaya, sanggeus medekan tadim, "Raden kagiliran, kudu mapag ngayuda. para saderek dikerid, geura ayonan, Raja Banjar Mlati.
Cedok nyembah Purabaya matur mangga, teras bae arindit, miwah piderekan, teu aya anu tinggal, geus kitu Prabu Drawati, sareng Arjuna, ka Karang Tumaritis.
MAGATRU
Tunda heula nu di jalan Pandu Sunu, kocapkeun di Tumaritis, Lurah Semar nu nguluwut, kajadian pasal tadi, lalampaham nu kalakon.
Tapi bae dikemu teu jadi geruh, ngahaja ulah katawis, si Dewala si Gurubug, si Camongkrong kitu deui taya nu dibere nyaho.
Orokaya ku si Cepot mah kateguh, yen eukeur ngandung kasedih, ka si Dewala jeung nunjuk, Wala coba masing sidik, itu bapa na kunaon.
Tetenjoan dewek mah mani camerut, meureunan aya kapusing, kadenge sore raribut, simbut da puguh ngan hiji, hayoh bet pabetot-betot.
I-ih ulah kitu ari Kang Gurubug; ka kolot matak pamali, sidik bapa keur ngalamun, sok sageuy piraku deui, make kana uang-eong.