Aduh anak silaing ulah kaliru, puguh keur mikiran nasib, ieu teh kumaha atuh, asa ku tugenah teuing, abong-abong nu kokoro.
Barang kitu torojol aya nu rawuh, nya eta Prabu Drawati, sinarengna Pandu Sunu, ririkipan lir nu ngintip, lajeng lebet tumorojog.
Lurah Semar kagetna teh langkung-langkung, sarta gancang matur tadim, "Aduh Ngeran matak ewuh, nganggo ngarsakeun lalinggih, ka rorompok anu awon.
Prabu Kresna ti payun enggal ngawangsul, Kaula kadieu nyungsi, sajabi lami teu tepung, nyarengan yayi Dipati, nu keur meujeuhna prihatos.
Enggalna teh Dananjaya, srog kapayun, rupina teh langkung sedih, sirikna teh meh-meh nyuuh, ka anu jadi pangatik, dumareuda nyaur alon.
Aduh kakang Semar mugi kumapurun, ngarijohkeun wening galih, dosa kula nu ti payun, nu geus ngumbar napsu teuing, nu bukti matak haro'ong.
Karasana geuning sakieu nawuku, wawalesna leuwih sedih, sakali deui panuhun, kakang Semar teh pamugi, ulah rek kadalon-dalon.
Lurah Semar barang sanggeusna ngadangu, saur Pangeran Dipati, nu tadina asal teguh, mageuhanana kanyeri, luas arek mios lolos.
Tapi bae hanteu tega jadi luntur, leeh ningal anu sedih, sarta tidinya seug matur; Duh anak Ngeran Dipati, entong panjang dicarios.
Tina pasal kalepatan u kalangkung, jisim abdi rido teuing, ngahapunten nu kakarung, medal kasucian ati, teu kumerewed teu naon.
Saur Prabu Drawati tah geuning sukur, kakang Semar rido galih, karidoan kumampurun, ngahapunten lepat yayi, lampah nu kadalon-dalon.
Kalih eta kula baris menta tulung, belaan yayi Dipati, nyorang karerepet ewuh, di sajero perang jurit, nandingan Satriya jago.