Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Bambang Ciptamaya Rahmaya.pdf/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Wakca bae ku anjeunna teu kauntup, sagala-gala katitih, ku musuh anu keur nanjung, ngaku pajah jadi Aji, Banjar Mlati cek carios.

Ku hal eta kakang Semar kedah nulung, tong kapalang rido galih, mintonkeun setia tuhu, pangbasmikeun anu sakti, ulah dugikeun ka gapong.

Lurah Semar tidinya mindo ngawangsul, "Duh ngeran piraku deui, abdi dalem kedah maju, kana patengahing jurit, sakieu badan rerempo.

Moal enya mampuh disajero pupuh, kuriak tambah ka isin, sareat sakieu ripuh, da puguh geus aki-aki tanaga kantenan mopo,

Turug-turug kapan anu geus ti payun, tetela Ngeran Dipati, anu kakoncara pamuk, pajah geuning geus katitih, teu kiat dina rerempon.

Abdi komo sareat sakieu pikun, tulag tolog tengah jurit, anu wirang meureun Ratu, asana kumaha teuing, ka sadaya mawa awon.

Sajabina ku Ngeran meureun kamaphum, nu ku sim abdi diiring, ti jamanna nu ti payun, setia bebela pati, meh hilap ka anak bojo.

Wawalesna aduh tobat aduh ampun, teu kedah nyarios deui, da eta mah geus kalangkung, ti tadi ngikralkeun abdi, geus hanteu sawios-wios.

Namung bae ieu nu bakal kapayun, sim abdi rek nahan diri, ngaula kumaha umum, mo dugi sosoroh pati, jeg nu parantos kalakon.

Prabu Kresna enggal mindo deui nyaur, Aeh kakang masing lantip, ulah dugikeun ka kitu, perkawis yayi Dipati, tarima napsu ngadolos.

Kakang Semar ulah salancar pangemut, lenyepan dibulak-balik, saha deui nu rek nulung, salian kakang pribadi, nu sanes mah teu katoong.

Malah-malah ayeuna nuju bertempur, najan putra Pringgandani, para saderek teu kantun, kawasna pinanggih sisip, nandingan eta kekentong.

47