MIJIL
Kakocapkeun Pangeran Dipati, ngupingkeun carios, Lurah Semar sakitu nongtoreng, karaosna teh ku sanubari, henteu salah deui, bener enya kitu.
Nu karasa ngilitikna ngatik, setia umesto, katut reujeung anak bojo bae, saruana pada garu musti, tigin pangabakti, tug turun tumurun.
Sawajibna mah anu utami, ganjaran umesto, kudu pisan di ngeunahkeun hate, ari ieu ku diri pribadi, naha dinyenyeri, tetela kaliru.
Nganteur napsu ahirna nyungkelit, horeng teh sabongbrong, lalawora estuning campoleh, hawa goreng anu geus ngaranjing, temahna ka diri, hanjakal kalangsu.
Ku anjeunna teh sanggeus kagalih, nyaksrak nu karaos, dina manah asa sumeleket, tidinya teh seug ngeureuyeuh deui, nyaur melas melis, ”Kakang kuma atuh.
Lamun bae kula teu dijait, tengahing palugon, anu tangtu moal salahna teh, pasti kudu pendak jeung ka isin, anu sanggup tadi, yen rek ngaborogod.
Saupama datang ka teu hasil, tinangtu kabendon, ku Hyang Pramesti yen campoleh, anu natrat tanggelan ngajurit, saban karerepit, kula anu nulung.
Hanas salah dina waktu tadi, teu pisan maido, anu tangtu nyeri kana hate, kaula teh geus rumasa sisip, lampah nu pahili, nu neumbleuh kaduhung.
Hanteu bisa nahan ku kapusing, tetela ngadolos, temahna nu milampah campoleh, kaduhung teh datangna pandeuri, ngan pringetan diri, keur baris kapayun.
Muga ulah rek kasorang deui, estuning, sabongbrong, masing robah kana lampah hade, sakali deui kula teh merdih, ulah jadi peurih, cekapkeun tawakup.
Lurah Semar nu tadina tigin, keukeuh ati gugon, tapi bae ningal dunungan teh, anu kabuktian matak watir, tungtungna kasilih, nya kapaksa tunduk.
Sarta enggal matur ka Permadi, ”Mangga abdi ngesto, ma-