Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Bambang Ciptamaya Rahmaya.pdf/52

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nawina kiat ku nu hengker, namung upamina henteu mahi, satengahing jurit, mugi ulah bendu.

Si Cepot kahareup nyiliwuri, ”Manawi kapeto, keur ngayonan musuh kumawanen, da sanajan abdi oge wani, ngalawan nu sakti, keun rek mawa tihul.

Tuh popongkol mani pagulitik, mo burung ngarengkol, komo itu mah nu hurung keneh, lamun ku abdi dibubat-babit, moal henteu nyengir, tungtungna ngaringkuk.

Itu dia - cek si Wala ― gaib, rek mawa popongkol, 'a-hi-hi kang Gurubug ku aneh, kapan musuh nu sakitu sakti, henteu mempan keris, sok komo ku tihul

Moal bisa musuh tigulitik, Ka Gurubug bodo, kapan geuning tetela geus eces, jimat kagungan Agan Dipati, taya anu mahi, alias teu mampuh.

Anu gampang ku uing di adpis, ulah rek ngarogo, cobakeun ka uing mun meyekeh, ka musuh ge mo salah deui, kaka nu di banting, moal hanteu nambru

Jadi lain arek bela pati, eta mah bet merong, sarua jeung ngawirangkeun keneh, ka dunungan urang anu sedih, lain ku jejerih, tapi henteu mampuh.

”His barudak parebut teu uni, ku teu boga cedo, leuleugeur silaing teh geus gede, naha teu isin ku para Gusti, anggur hayu indit, ka tempatna musuh.

Bapa arek nyoba dina jurit, ngalawanan jago, kitu oge sugan kuat keneh, keur ngabela Pangeran Dipati, dunungan pituin, anu eukeur ngungun.

Hanteu seueur nu dicatur deui, harita tras mios, budal ti Karang Tumaritis teh tatamuna oge kitu deui, maksad bade nyaksi, saha anu unggul.

Ari menggahing Perbu Drawati, mawi bade mios ngabuktoskeun anu digalih teh, ieu sual kabuktian sulit, naha saha deui, anu gawe malsu.

Sedeng anu kasangka titadi, bet geuning pajonghok, tambah katilik dina wewesen, sanggup baris nandingan ngajurit, ieu leuwih rupit, beuki jadi ewuh.

49