Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Bambang Ciptamaya Rahmaya.pdf/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

PANGKUR

Kasigeugkeun nu di jalan, kakocapkeun pambelana Permadi, taya sanes Bima Sunu, sareng Angkawijaya, para putra sadaya anu di utus, kaget ku nagara anyar, kasebut Banjar Malati.

Najan dina kahelokan, Purabaya enggalna nangtang jurit, ku pribumi geus kadangu, sarta enggal kaluar, rek nepangan ka anu ngajakan pupuh, sanggeusna adu hareupan, Ciptamaya seug ngalahir.

”Ieu saha anu datang, ponggawa jeung kami kakara panggih, aya maksud nangtang pupuh, naon nu jadi pasal, anu matak kumawani ngajak tarung, coba wakca anu terang, bok bisi bae pahili.

Purabaya enggal jawab. Kami Purabaya ti Pringgandani, nu matak kadieu cunduk, ngabela kangjeng paman, Dananjaya nu tiheula enggeus pupuh, diganti ku para putra, anu baris bela pati.

Oh ― saurna Ciptamaya, jadi ieu pembelana si Permadi, anu ti dieu geus mabur, lantaran henteu kuat, maneh deui Purabaya moal mampuh, najan diambregkeun pisan, jeung dulur nu sejen deui.

Sok matak bae karunya, kabeh oge tetela moal mahi, anggur hencig bae mundur, ganti ku anu lian, sarayaan anu leuwih-leuwih teguh, tukang unggul digjayana, meureun moal wirang teuing.

Purabaya napsu rongkah, raray nambaga salira ngagidir, sarta enggalna ngawangsul, ”Eh satru Ciptamaya, tangtu mundur lamun lawan enggeus nambru, dimana geus ngababatang, didinya kami rek balik.

Sarta bari jeung teu tata, ngarontok ka lawan leuwih kesit, Ciptamaya meh tikusruk, ngan bae da bubuhan, nu digjaya rikat muruna ka musuh, narajang terus ngadupak, Purabaya meh tiguling.

Rikat cengkat seug narajang, jojoh pisan wanina silih kelid, silih beubeut silih suduk, teu lami Purabaya geus kate-

50