pur nepikeun ka rek tikusruk, ngan bae rikat malikan, Ciptamaya leuwih kesit.
Musuhna teh ditanganan, ku dampal panangan leuwih matih, nepikeun ka nyambat, ”Aduh, tobat kaliwat panas”, gancang ngejat teu talangke tuluy mubus, biasa ka dasar lemah anu henteu tembong deui.
Tanjung Anom anu kocap, keur susuruh jojoh tengahing jurit, nandingan nu jadi musuh, reujeung Satriya Rahmaya, nu geus nyata digjaya prawireng pupuh, sanajan Angkawijaya, da puguh terah Permadi.
Teu rempan jero tandingan, ngalawanan musuh digjaya sakti, ngadupak reujeung ngababuk, kuat anu nagenan, geus diganti enggal ”Ngamaenkeun duhung, anu rikat ditadahan, henteu dianggo kagimir.
Bimanyu ge teu welehan, henteu bosen newekeunnana keris, sanaos ngarasa ripuh, kana ngejat teh sungkan, taya keneh tanaga mah terus maju, ngagunakeun kapelitan, sangkan teu gancang kacangking.
Barang keur tengahing jurit, kasaru ku dongkapna Prabu Drawati. Semar sareng Pandu Sunu, sarta teras ngandika, ”Mangga kakang tinggal itu Abimanyu, nu keur meujeuhna ngayonan, karunya itu geus sisip.
Ku kakang mangga gentenan, atuh Angkawijaya disina nyingkir, mani geus sakitu lesu”, Lurah Semar amitan, sarta enggal nepungan anu keur tarung, hanteu lami barang dongkap, kana satengahing jurit.
Bener henteu pisan salah, Angkawijaya geus mehmehan sisip, Semar jiga anu hib t, nyieun aksi nulungan, ”meuggeus Agan keun ku Uwa rek disambung, kaditu angguran nyingkah, deuheusan Ngeran Dipati.
Sanggeus Abimanyu nyingkah, Semar enggal nyaketan nu keur nganti, nyieun pasemon nu seru, isarah jeung nyarita yen geus lubar kapeurih anu ti payun, ku pamundut pangampura, nu tetela salah tadi.
Ngan sangkan ulah katohyan, urang jurit lir nu maen kamedi, sarta hanteu panjang catur, harita Lurah Semar, nyieun ak-