si paguletan anu pupuh, ngalawan dua Satriya, pakupis bari jeung nakis.
Trusna ngahaja balangah, Lurah Semar anu keuna ka kelid, api-api terus rubuh, tatapi henteu lila, tuluy cengkat sarta nonggeng dut muruput, ka angseu dua Satria, bareng pisan sami gaib.
Malah reujeung nagarana, geus sinalin saasal anu tadi, puguh leuweung luwang liwung, ngan didinya nu aya, Pancaroba nu kagungan Pandu Sunu, sinarengan Panah Cakra, kagungan Prabu Drawati.
SINOM
Kakocapkeun Dananjaya, sinareng Prabu Drawati, anu bukti kajadian, teu kinten kagetna galih, henteu sangka, saeutik, ahirna nepi ka kitu, sarta enggal nepangan. Lurah Semar nu keur ganti, dina tempat anu urutna ciptaan.
Barang dongkap "Aduh Ngeran, geuning musuh teh laleungit, bet digentos Pancaroba, kagungan Ngeran Dipati, sareng anu hiji deui, panah Cakra anu luhung, nu kagungan gamparan, hanteu burung milik deui, mangga ieu sadayana geura candak.
Prabu Kresna seug ngandika, "Kakang Semar nuhun teuing, panah kula katarima, sareng mangga ieu yayi, Pancaroba teh tampi, urang moal jadi ewuh, upami aya jimat mah, ngayonan tengahing jurit, sanajanna musuh nu sakuma rongkah.
Enggal walon Dananjaya, "Kakang Semar nuhun teuing, jimat kula Pancaroba, teu burung kamilik deui, jasa kakang pribadi, ka kaula nu geus nulung, sakili deui tarima, enggeus kahutangan budi, jeung kapingdo ulah kirang pangampura.
Tapi menggah Prabu Kresna, ngamanah nu langkung lantip, dasar leuwih bijaksana, tina pasal nu geus jadi, ku anjeunna kagalih, ngan bae wungkul dikemu, henteu lisan kaluar, teu kudu dibabar deui, da kuduna sugan jadi peringetan.