Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Bambang Ciptamaya Rahmaya.pdf/57

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Enggalna mindo ngandika, ”Yayi Pangeran Dipati, ayeuna urang lekasan, bebas sagala kapeurih, ku sisip dina jurit, nandingan musuh nu teguh, ku kalawan pertulungan, kakang Semar bisa hasil, ngamusnakeun anu jadi ka ewuhan:

Sakalihna pasal eta, katutuh jimat nu leungit, teu burung deui kapendak, wande kana bingah galih, teu aya geusan tanding, sanaos kakang ge kitu, pirang-pirang nuhunna, gawe kakang Semar tadi, nu geus rido ngabelaan awak urang.

Tambah salira yayi mah, implik-implikna saeutik, sarehing ku kalepatan, anu kajalanan tadi, hal eta mugi-mugi sorangeun anu kapayun, ulah rek kajadian, nu ngajantenkeun berewit, sahanteuna ngabantun ka sauyunan.

Ayeuna mah parantos, bade ngemut naon deui, nu utami sami mulang, kakang Semar kitu deui, sewang-sewang marulih, mugia panjang ngapunjung, ulah aya kakirang, tutup carios marulih, ku ki dalang geus nancebkeun gugunungan.

54