Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
10
 

II. PUPUH ASMARANDANA

  1.  Nabi Yakub kagét ningali,
    iteukna cahyana gumebyar,
    jumanten gumilang héjo,
    énggal teken ditarima,
    pasihan ti Allah ta'ala,
    di asta ku nabi Yakub,
    di pasihkeun ka putrana,

  2. Radén Yusup suka galih,
    réh ayeuna geus kagungan,
    teteken langkung saé,
    inten jamrut sawarga,
    malak jibril heunteu kocap,
    mabur ka langit pingpitu,
    ... les ilang tanpa karana.

  3. Nabi yakub mankin asih,
    ka radén Yusup putrana,
    eukeur mah punjuling kasép,
    tur diasih ku pangéran,
    teu meunang putra anggang,
    ti rama radén yusup,
    kulem ogé sok sorangan,

  4. saur Wahab Bin Munabit,
    Radén Yusup putrana,
    tujuh taun kacarios,
    kuleum gédéngeun raman,
    tengah peuting ngoréjat kagét ngagilir,