Lompat ke isi

Kaca:Wawacan Nabi Yusuf.pdf/100

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
100
 

21. Pok ngomong mun kitu éta,

pagawéan abli sihir,
atawa abli kuhanah,
pajarna tukang petangi,
tukang torah nu gaib,
bener sok aya nu salut,
Radén Yusup ngandika,
nyebut ka kami ahli sihir,
masya Allah ka nu turunan amanat.


22. Kami téh nyekel agama,

turunan ti nini aki,
Bayus alon haturan,
leres aya hamo sihir,
ari kakang ti peuting,
di jero kebon anggur,
angtung hareupeunana,
didinya kakang top metik,
tilu ragggeuy buah anggur nu arasak.


23. Tuluy dipeureut ku kakang,

caina angeur geus bijil,
dina lumur diwadahan,
tuluy dileueut ku gusti,
sulton bin Royan wali,
Radén Yusup tuluy ngadawuh,
iarep-arep ku kakang,
dina tilu poé deui,
kakang leupas tina pangbérokan waluya.